Baca Juga: Kaancuran Bangsa jeung Nagara
Tina kituna anu tritangtu di buana teh teu ngan ukur dina lebah pamarentahan, tapi oge kudu dibanda ku manusa sacara individu. Ieu ajaran etika atawa adab di Sunda. Raja atawa ratu, rama (sesepuh), jeung resi (ahli agama), kudu gumulung ngahiji dina tekad ucap jeung lampah.
Songong Basa Sunda
Kecap “songong” dina Kamus Basa Sunda meunang nyusun Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBBS), hartina heuras genggerong, teu nembongkeun hormat ka saluruheun dina ucap-ucapan. Para ahlibasa nyebutkeun kecap “songong” teh asalna tina basa Sunda ngan saterusna leuwih loba dipake ku urang Batawi.
Kecap songong geus asup kana kabeungharan kecap (kosa kata) basa Indonesia. Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) online “songong” hartina tidak tahu adat. Kecap songong oge kapanggih dina basa gaul nu biasa dipake ku rumaja, songong di dieu hartina asa aing nyaho jeung sombong.
Songong ditunjukkeun dina perilaku jeung ucap nu duanana henteu bisa dipisahkeun. Heuras genggerong nembongkeun jalma nu garihal dina nyarita, degeng, asa aing pangbisana pangkawasana pangnyahona tepi ka ngahampas ka nu sejen, kaasup ka saluruheun, boh dina umur, dina luang, pangalaman, boh dina pangaweruh.
Patalina jeung songong dina basa Sunda aya oge kecap handap lanyap. Dina Kamus Basa Sunda LBSS handap lanyap hartina: rangkah-rengkuh, sarta kekecapanana hade, tapi maksudna ngunghak atawa ngahina. Ngunghak asal kecapna unghak nu dina Kamus Basa LBSS hartina ngahina saluruheun.***