Lalakon Kopi Luwak ti Tatar Sunda Dipokalan ku Dokter Hewan

- 18 Desember 2023, 10:00 WIB
Sugeng Pujiono. Urang Bandung kalahiran Surabaya 60 taun ka tukang  nu boga usaha produksi  Kopi Luwak di wewengkon Cikole Lembang,  Ja­lan Nyalindung No.9 Kampung Babakan Desa Cikole Kecamatan Lembang,  Kabubaten Bandung Barat.
Sugeng Pujiono. Urang Bandung kalahiran Surabaya 60 taun ka tukang nu boga usaha produksi Kopi Luwak di wewengkon Cikole Lembang, Ja­lan Nyalindung No.9 Kampung Babakan Desa Cikole Kecamatan Lembang, Kabubaten Bandung Barat. /galura.co.id/

 

GALURA.CO.ID -Kopi luwak disebutna teh, pedah tadina kopina dihakan ku careuh atawa luwak, kaluarna deui beleger.  Kopina diolah kawas ngolah kopi biasa. Hargana leuwih mahal.

Keur tukang ngopi, Kopi Luwak kacida istimewana, rasana ni’­mat jeung hargana mahal kacida, sakilona bisa  3,5 juta  nepi ka 4 juta, jeung  kopi unik hasil permentasi  alami tina caduk careuh (luwak)  pasarna geus ngahontal ka sakuliah dunya, dipakaresep ku urang Arab, Asia jeung Eropah, ngaraharjakeun  para pengusaha dina widangna.

Hal eta kaalaman ku Sugeng Pujiono, urang Bandung kalahiran Surabaya 60 taun ka tukang  nu boga usaha produksi  Kopi Luwak di wewengkon Cikole Lembang,  Ja­lan Nyalindung No.9 Kampung Babakan Desa Cikole Kecamatan Lembang,  Kabubaten Bandung Barat.

Baca Juga: Muka Kejuaraan Multievent Disabilitas Bupati Cup 2023 Dadang Supriatna Nyumangetan Para Atlet

Di eta tempat, urang bisa nyaksian sakabeh proses hasil  kopi luwak, ti mimiti  nyaksian careuh nu ngakan buah kopi beureum nu geus asak anu diproses dina cadukna (permentasi alami), laju  dikaluarkeun, dibersihan, dipesek , dipoe digaringkeun,disangray,  digiling,  dilemeskeun nepi ka ditinyuh disuguhkeun.

Langganan atawa pasar  Kopi Luwak hasil produksina ge lain bantrak-bantrakkeun, malah geus kajauhna, kalolobaanana ka luar negeri,(rasiona 70% luar negeri -30% di urang). Luar negeri geus aya 80 negara, “Alhamdulillah ti ngawitan buka taun 2012 dugi ka kiwari ngeureuyeuh keneh. Tina 200 careuh  dina sasihna tiasa ngahasilkeun kopi 400 kg, sareng pangaosna rada awis, abdi ngical  3,5 juta/kg dugi  4 juta sakilona , “ ceuk Sugeng basa ditepungan ku galura sawatara waktu kaliwat.

 “Pasarna seuseurna ka  Timur Tengah utamina Arab Saudi , Uni Emirat Arab, Qatar,  pami Asia Jepang, China sareng Korea kidul. Sesana Eropah Kulon, Spanyol, Walanda, Inggris,  sareng Jerman. Kaleresan tos aya 80 nagara nu ngaraosan kopi ti abdi, “ ceuk Sugeng reueus.

Tah kusabab  ngamilik fasilitas  nu lengkep,  ti mimiti  cara produksina nepi ka ditinyuh jeung disuguhkeun keur nu ngopi,   antukna Sugeng  taun 2018 ngayakeun  Pelatihan Barista make bendera  “Lembaga Kursus dan Pelatihan (LKP) Sugeng Sejahtera” di wewengkon Cikole Lembang. Sok sanajan resmina kakara ngadeg 5 taun,  tapi  jauh ti saacanna Sugeng ge geus ngayakeun sababaraha pelatihan.

Baca Juga: Hayang Nepungan Pamajikan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah