Hitanan Massal ka-10 Kalina Dirut PT Panghegar Mitra Utama Nganuhunkeun ka nu Jadi Indung nu Dipikacintana

- 17 Desember 2023, 10:28 WIB
Dirut PT Panghegar Mittra Utama, H. Agus Diki Arisandi (katuhu).
Dirut PT Panghegar Mittra Utama, H. Agus Diki Arisandi (katuhu). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Lobana  100 budak miluan hitanan massal nu diayakeun ku PT Panghegar Mitra Utama di kantor pusat pausahaan, Jalan Soekarno Hatta Nomer 457, Pasirluyu, Kecamatan Regol, Kota Bandung, Saptu, 16 Desember 2023.

Hitanan massal dina raraga nuladan Rasulullah SAW dina miara ukhuwah islamiyah. Hitanan massal ku ngaubkeun masarakat bisa silihtulung jeung silihnguatkeun dina ajaran agama Islam.

Anu miluan  hitanan massal barudak nu kolotna kurang mampuh. Arinyana ti sababaraha daerah, boh ti Kota Bandung boh luar kota, saperti Sumedang jeung Garut.

Baca Juga: Karya Bakti Koramil 1502/Kadugede, Dina Mieling Hari Juang TNI AD

Kagiatan hitanan massal minangka nu ka-10 kalina diayakeun PT Panghegar Mitra Utama. Direktur Utama PT Panghegar Mitra Utama, H. Agus Diki Arisandi, nganuhunkeun ka indung nu dipikacintana.

"Hatur nuhun nu saagenung-ageungna ka pun biang ku sagala doa sareng restu nu tos didugikeun ka simkuring. Pun biang tos bajuang ngarorok, ngatik ngadidik simkuring sareng adi-adi. Ibu tos tohtohan nyumponan kabutuhan simkuring sakalih pun adi. Ibu teu welèh aya kanggo simkuring kalih adi-adi,"  ceuk Agus.

Agus yakin dunga biangna nu jadi kakuatandirina sangkan terus bajuang jeung ngahontal kasuksesan. Agus ogè jangji sangkan teu weleh narèkah jadi budak nu babakti ka nu jadi indung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah