Bupati Bandung Ngaluuhan Senam Hijaiyah Keluarga Besar Muslimat NU

- 17 Desember 2023, 14:29 WIB
Bupati Bandung hadir di satengahing Keluarga Besar Muslimat NU.
Bupati Bandung hadir di satengahing Keluarga Besar Muslimat NU. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna,  tumorojog ka Keluarga Besar Pimpinan Cabang Muslimat Nahdlatul Ulama (NU) Kabupaten Bandung dina kegiatan " Senam Hijaiyah Lansia Sehat, Sejahtera dan Mandiri" di kawasan Wisata Gunung Puntang, Kecamatan Cimaung, Kabupaten Bandung, Saptu 16 Desember 2023.

Ieu kagiatan  digelar dina raraga mièling Hari Ibu taun 2023. Dina eta kasempetan Ketua Pimpinan Wilayah Muslimat NU Ella Giri Komala katut jajaran pengurus Muslimat NU Kabupaten Bandung oge nguluhan.

Bupati Dadang Supriatna nganuhunkeun jeung ngaapresiasi ka pangurus Pimpinan Cabang Muslimat NU Kabupaten Bandung nu geus ngalaksanakeun kagiatan.

Baca Juga: Hitanan Massal ka-10 Kalina Dirut PT Panghegar Mitra Utama Nganuhunkeun ka nu Jadi Indung nu Dipikacintana

"Simkuringg yakin ieu tèh salasahiji wujud kontribusi elemen maarakat dina ngadukung ngawujudna visi Kabupaten Bandung BEDAS (Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis dan Sejahtera)," ceuk Dadang Supriatna.

Peranan kaom wanoja dina pangwangunan ceuk  Bupati Bandung ampir sajajar jeung kaum lalaki. Ku kituna saran tur kritikan ti tokoh-tokoh intelektual kaum wanoja kacida dibutuhkeunana dina ngawangun Kabupaten Bandung.

Dadang Supriatna nganuhunkeun ka Muslimat NU jeung masarakat Kabupaten Bandung lianna kana dukungannya, tepi ka kapamingpinan dirina di Kabupaten Bandung geus ngaguratkeun prestasi nu luar biasa.

"Peryogi kauninga, wirèh laju tumuwuhna paèkonomian kawitna minus 1,87 persen   ayeuan jadi 5,32 persen," ceuk Bupati .

Baca Juga: Karya Bakti Koramil 1502/Kadugede, Dina Mieling Hari Juang TNI AD

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah