GALURA - Caah dèngdèng (banjir bandang) nu kajadian di Citarum (Cibangoak), Kemis, 23 Maret 2023, ngabalukarkeun cai baku kiruh pisan. Iwal ti kitu wangunan paranti ngawadahan cai (brocaptering) ngèsèr.
Humas Perumda Air Minum Tirta Raharja, Harry nyebutkeun, pihakna ngirim cai bersih ka sababaraha titik nu keuna balukar tina ieu caah dèngdèng jeung narékahan ngomèan brocaptering nu ngèsèr.
Kaayaan cuaca, hujan badag tur kerep, volume cai mingkin luhur ngalantarankeun hèsè ngomèan jeung ngolah cai bersih.
Ku kituna, Perumda Air Minum Tirta Raharja terus narèkah ngirim cai bersih ka sababaraha titik.
Ti Ahad, 26 Maret, tepi ka kiwari proses ngomèan brocaptering geus rèngsè , tur cai baku geus bisa diproduksi jadi cai bersih nungtutan bisa ngeusi Instalasi Pengolahan Air (IPA) Cikoneng.
Nu keuna balukar tina ieu musibat téh, kahalangna ngirim cai ka Wilayah II Banjaran Kota, Pelayanan Baleendah, Bojongsoang, Dayeuhkolot jeung Wilayah III Ciparay Kota, Pelayanan Ciparay, Cicalengka, Rancaekek, Majalaya, kalawan jumlah palanggan kurang leuwih kana 48.700 sambungan imah.
Perumda Air Minum Tirta Raharja geus ngadistribusikeun cai bersih ku armada tengki, minangka tarèkah ngungkulan musibat tur ngalayanan warga palanggan nu wewengkonna keuna balukar dieureunkeunna cai sawatara waktu.
