Karuhun Sunda ngestokeun hubungan manusa jeung alam. Tina kituna:
Gunung teu meunang dilebur,
lebak teu beunang diruksak,
larangan teu meunang dirempak,
buyut teu meunang dirobah,
lojor teu meunang dipotong,
pondok teu meunang disambung,
nu lain kudu dilainkeun,
nu ulah kudu diulahkeun,
nu enya kudu dienyakeun.
Di Tatar Sunda, tradisi sakral nu aya patalina jeung alam kandel pisan. Masarakat percaya kana kakuatan alam sarta gede pangaruhna keur kahirupan manusa jeung sakumna mahluk.
Baca Juga: Nganjang ka Pikiran Rakyat, TGB: Ngaronjatna Elektabilitas Perindo Hasil Solidna Kader Perindo
Pamali, pantrangan, atawa larangan nu aya patalina jeung miara lingkungan diestokeun. Upamana wae ulah nuar tatangkalan, ulah ngarabut tutuwuhan, ulah ngaganggu atawa nyokot batu ti walungan jeung sajabana.
Di luar kampung adat, sesa eta tetekon masih keneh aya di leuweung Geger Omas, di Desa Ciomas, Kecamatan Panjalu, Kabupaten Ciamis.
Di Geger Omas, sakur tutuwuhan, tatangkalan teu meunang dituar. Pangpung, tangkal nu rungkad teu meunang dibawa, teu meunang dimangpaatkeun, kudu diantep sina saburukna, sina dihakanan ku rinyuh.
Sasatoan nu hirup di dinya atawa nu ngadon nyimpang di dinya oge teu meunang diganggu, komo dibedil jeung diala mah.
Baheula, di Tatar Sunda sirah cai atawa tempat kaluarna cinyusu kacida pisan sakralna, dianggap sanget. Leuweungna teu meunang ditincak-tincak acan, komo dijadikeun lahan tatanenna.
Bareto mah sirah cai karasana teh geueuman pisan. Tambah deui di unggal sirah cai aya tangkal caringin atawa lame atawa tangkal calingcin nu dianggap digeugeuh ku mahluk gaib.