Nurutkeun Sigit, sangkan rarancang pihakna taun hareup ngaluarkeun rantis generasi kaopat laksana, pihakna ayeuna terus ngundakeun sawatara hal patali jeung tingkat kandungan dalam negeri (TKDN) rantis Maung.
Ayeuna TKDN rantis Maung teh karek kurang leuwih 65 persen. Tah dipiharep di taun ayeuna TKDN bisa undak meh rantis varian listrik ngawujud taun hareup.
"Rolling chasis, trim, engine, power trim masih meunang ngimpor. Nu asli meunang Pindad karek desain, develop, jeung builtna, kaasup ti mitra ekosistemna," pokna.
Ka hareup, pokna, sawatara part rek mimiti dilokalisasi jadi dasar keur ngembangkeun varian listrik Maung.
"Engke engine, chasis frame baris dilokalisasi nujul ka electric vehicle. Ku cara kitu TKDNna bisa 80-90 persen," tambahna.
Rencanana, ngaran rantis varian listrik ge baris dibere ngaran Maung, sakumaha ngaran rantis generasi katilu nu ngaranna diresmikeun ku Presiden Jokowi sawatara jam kaliwat di Jakarta.***