Sidang Kasus Brigadir J, Tim Jaksa Nungtut Bharada E Dihukum Pidana 12 Taun, Kieu Alesanna

- 18 Januari 2023, 16:46 WIB
Bharada E ditungtut 12 taun penjara ku JPU
Bharada E ditungtut 12 taun penjara ku JPU /

GALURA - Harepan Bharada E atawa Richard Eliezer nu geus nembak Brigadir J nepi ka palastrana pikeun narima tungtunan hukuman nu hampang, kawasna moal ngawujud.

Pangna kitu, sabab dina sidang tungtutan keur manehna di Pengadilan Negeri Jakarta Selatan Rebo 18 Januari 2023, jaksa meredih manehna ditibanan hukuman pidana 12 tahun.

"Ngaragragkeun pidana ka terdawak Richard Eliezer Pudihang Lumin pidana penjara selila 12 taun," keuk Paris Manulu, Jaksa Penuntut Umum (JPU).

Baca Juga: Kasus Rajapati Brigadir J, JPU : Ricky Rizal Kudu Ditibanan Hukuman Berok 8 Taun!

Baca Juga: Sihoreng Ieu nu Ngalantarankeun JPU Menta Terdakwa Ricky Rizal Ditibanan Hukum Berok 8 Taun Teh...

Baca Juga: Dina Rembug Bedas ka-15 Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Nanjung, Ngajukeun IMB, 6 Bulan Can Réngsé

Eta tungtutan ditepikeun JPU di hareupeung rengrengan hakim dina eta sidang.

Samemehna, Bharada E nu geus jujur jeung mukakeun eta kasus nu ngalantarankeun Brigadir J atawa Nofriansyah Yosua Hutabarat, miharep hukuman keur manehna hampang, henteu welasan taun.

 

Nurutkeun JPU, aya alesan kuat pangna pihakna meredih Bharada E dipidana 12 taun.

Baca Juga: Mieling HUT PDI Perjuangan, Teh Ineu Ngagelar Turnamen Bola Voli Putri di Desa Panyingkiran Majalengka

Antarana wae, terdakwa geus kabuktian kalawan sah ngalakukan hiji kasalahan, nyaeta ngarempak Pasal 340 subsider Pasal 338 juncto Pasal 55 ayat (1) ke-1 KUHP.

Nu kadua, nu ngabeuratkeun pisan Bharada E nepi ka kudu dipidana welasan taun, sabab balukar kalakuanna, Brigadir J ngemasing pati alasan ditembak ku manehna.

Pagawean ngarempak hukum Bharada E  oge geus ngabalurkeun kulawarga korban nandangan kasedih nu pohara.

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

Najan kitu, cek JPU, aya oge nu ngalantarankeun hukuman keur Bharada E hampang (ukur 12 taun).

Antarana, terdakwa can kungsi diihukum, sopan dina persingan, jeung ngaku handeueul geus jadi eksekutor nu ngalantaran Brigadir J ngemasing pati.

Lian ti eta, kulawarga korban geus ngahampura ka Bharada E.

Baca Juga: Nganjang ka Pikiran Rakyat, TGB: Ngaronjatna Elektabilitas Perindo Hasil Solidna Kader Perindo

“Terdakwa oge minangka saksi pelaku nu geus ngabongkar eta kasus rajapati," cek JPU. Paris Manalu.

Richard Eliezer teh hiji tina lima terdakwa dina kasus rajapati ka Brigadir Nofriansyah Yosua Hutabarat (Brigadir J).

Sajaba ti manehna, nyaeta Ricky Rizal, Ferdy Sambo, Putri Candrawathi, jeung Kuat Ma’ruf.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

Limaannana didakwa ngarempak Pasal 340 subsider Pasal 338 juncto Pasal 55 ayat (1) ke-1 KUHP.

Sajaba ti Bharada E, nu poe ayeuna ditungtut nyaeta Putri Candrawathi --tungtutanna 8 taun penjara.

Samemehna Ricky Rizal jeung Kuat Ma’ruf ditungtut hukuman pidana penjara 8 taun, sedengkeun Ferdy Sambo saumur hirup.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah