Sihoreng Ieu nu Ngalantarankeun JPU Menta Terdakwa Ricky Rizal Ditibanan Hukum Berok 8 Taun Teh...

- 16 Januari 2023, 21:34 WIB
Sihoreng aya alesan nu kuat pangna jaksa penuntut umum (JPU) nibankeun tungtutan ka Ricky Rizal lila 8 taun berokl dina kasus tiwasna Brigadir J teh.
Sihoreng aya alesan nu kuat pangna jaksa penuntut umum (JPU) nibankeun tungtutan ka Ricky Rizal lila 8 taun berokl dina kasus tiwasna Brigadir J teh. /Pikiran Rakyat/Muhammad Rizky Pradila

GALURA - Sihoreng aya alesan nu kuat pangna jaksa penuntut umum (JPU) nibankeun tungtutan ka Ricky Rizal lila 8 taun berok dina kasus tiwasna Brigadir J teh.

Eta alesan dicekel ku jaksa penuntut umum (JPU) pikeun nyiptakeun rasa adil ka masarakat.

Sakumaha anu diwartakeun, dina sidang kalawan agenda nungtut Ricky Rizal, JPU menta terdakwa diberok salila 8 taun penjara ka majelis hakim di Pengadilan Negeri Jakarta Selatan, Senen 16 Januari 2023.

Baca Juga: Kasus Rajapati Brigadir J, JPU : Ricky Rizal Kudu Ditibanan Hukuman Berok 8 Taun!

Eta pamaredih JPU teh cek sakaol kawilang beurat, sok sanajan teu sabanding jeung ilangna nyawa Brigadir J alias Brigadir Nofriansyah Yosua Hutabarat.

Nu sakuduna nampa tungtuntan beurat mah nya uteuk kasusnya, Ferdy Sambo.

Ngan, tetela JPU mibanda alesan nu kuat pangna meredih Ricky Rizal ditibanan hukuman berok 8 taun teh.

Baca Juga: SDN Kuningan 17 Pindah, Acep : Bangunan Heubeul Rek Dibebenah Jadi Lahan Parkir

 

Dina tungtutanna, JPU netelakekun geus nimbang-nimbang rupa-rupa hal enggoning ngaluarkeun tungtutan ka terdakwa Ricky Rizal.

 

Kaasup nu jadi tinimbangannaa JPU teh nyaeta sikep terdakwa salila sidang.

JPU ngebrehkeun, hiji hal nu matak ngabeuratkeun ka Ricky Rizal, terdakwa remen mere katerangan nu pabeulit dina unggal sidang.

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Sajaba ti eta terdakwa Ricky Rizal teu ngaku kana naon rupa anu dipigawena.

"Terdakwa remen katerangan nu pabeulit jeung ngangles geus ngalakukan peta nu ngabalukarkeun Brigadir J tiwas," cek JPU di Pengadilan Negeri Jakarta Selatan.

Perkasa sejen nu ngabeuratkeun terdakwa nyaeta setatusna.

Baca Juga: Tradisi Nyadap, Ogoanana Tangkal Kawung, mun Pundung Teu Beunang Diolo

Ditetelakeun, Ricky Rizal teh hiji penegak hukum. Ku kituna, inyana teu merenah migawe pagawean anu ngarempak hukum, samalah nepi ka ngalantarankeun nyawa ilang, nyaeta Brigadir J.

"Naon anu dipilampah Ricky Rizal geus ngabalukarkeun ilangnya nyawa, nyaeta Nofriansyah Yoshua Hutabarat nepi ka kulawargana leungiteun nu pohara," cek JPU.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: PMJ News


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah