Palanggeran Etika dina Naskah Sunda, Dipahing pisan Hianat ka Nu Geus Boga Jasa

29 Januari 2024, 11:30 WIB
Babarit, ritual ada keur wanoja nu kakandungan 7 bulan, udagana sangkan jabang bayi nu dilahirkeunana ngajungjung etika. /Nanang S/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Dina Saresehan Kebudayaan Nyukcruk Galur Hukum Tilu, Ngaludang Tri Tangtu di Bumi nu digelar Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional (BKSNT) Bandung, 20 Agustus 2002, Ayatrohaedi suargi medar konsep kapamingpinan dina masarakat Sunda. Mang Ayat,  julukan Ayatrohaedi, ngali tina naskah kuna Sunda.

Naskah nu dipake ku Mang Ayat teh: Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK) nu titimangsana taun 1518 sarta mindeng disebut eksiklopedi Sunda jeung Carita Parahyangan (CP) nu titimangsana taun 1580. Ceuk filolog Undang Darsa, CP saenyana kaasup karya sastra ngan leubeut ku informasi sejarah.

Tina SSKK, Mang Ayat nyutat salasahiji ajaran nu ngandung palanggeran atawa etika nu kudu diestokeun. Ieu ajaran aya sapuluh nu disebut dasaprebakti, sapuluh babakti. Ti mimiti anak tepi ka pamingpin. Anu pamungkas keur babakti  teh hyang, atawa nu maha tunggal.

Baca Juga: Nyanghareupan Puncak Usum Hujan Pemkab Bandung Umajak Masarakat sing Leuwih Ariat

Nihan siangguh dasaprebakti ngaranya anak bakti di bapa, ewe bakti di salaki, hulun bakti di pacandaan, sisya bakti di guru, wang tani bakti di wado, wado bakti di mantri, mantri bakti di nu nangganan, nu nangganan bakti di mangkubumi, mangkubbumi bakti di ratu, ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang, ya ta sinanggih  dasaprebakti ngarana.

Hartina: ‘Ieu nu disebut dasaprebakti teh: anak babakti ka nu jadi bapa (kolot), pamajikan babakti ka salaki, pagawe babakti ka dunungan, siswa babaktu ka guru, patani babakti ka wado, wado babakti ka nu nangganan, nu nangganan babakti ka mantri, mantri babakti ka mangkubumi, mangkubumi babakti ka raja, raja babakti ka dewa, dewa babakti ka hyang.’

Kecap wado, nu nangganan, jeung mantri tacan bisa dijinekeun istilah keur kalungguhan atawa profesi naon. Bisa jadi  wado kalungguhan nu aya patalina jeung tatanen. Ari mangkubumi bisa dipastikeun nu ngeuyeuk pamarentahan di hiji wewengkon sabab tanggung jawab langsung ka ratu atawa raja.

Ajaran dina SSKK nu leuwih eces kapanggih tina papagon perilaku manusa nu hade, nu kudu diestokeun ku sakumna manusa sangkan gede mangpaatna keur sakumna mahluk.  Ucap jeung lampah manusa henteu tepi ka nganyerikeun hate mahluk sejen jeung sangkan jadi manusa nu bener-bener manusa.

Baca Juga: Kriya di Ciamis, Mibanda Potensi ngan Tacan Dipalire ku Pamarentah

Ini twah ing janma, pigunaeun  na urang reya. Ulah mo turut sanghyang siksa kandang karesian: jaga rang dek luput ing na pancagati, sangsara, mulah carut mullah sarereh, mulah nyangcarutkeun maneh, kalinganya nyangcarutkeun maneh ma ngaranya: nu aya dipajar hanteu, nu hanteu dipajar waya.

Nu inya dipajar lain, nu lain dipajar inya, nya karah edapna ma kira-kira, budi-budi  ngajerum mijaheutan, eta byaktama nyangcarutkeun  maneh ngaranna, nyangcarutkeun  sakalih ngaranna, mipit mo amit, ngala mo menta, ngajuput mo sadu; makanguni tu tumumpu, maling, ngabegal, sing sawatek  cekap carutm ya nyangcarutkeun sakalih ngaranna.     

Tarjamaahanana: ‘Ieu perilaku manusa  nu gede gunana keur keur jalma rea. Turutan Sanghyang Siksa Kandang Karesian. Mangaka iatna sangkan urang luput tina pancagati (lima kasakit: sarakah, bodo, jahat, takabur, jeung angkuh) sangkan ulah sangsara. Ulah cidra (ulah ngahianat), ulah licik, ulah hianat ka diri sorangan.

Anu disbut ngahianat ka diri sorangan teh: nu aya disebutkeun euweuh, nu euweuh disebutkeun aya, nu bener disebutekun salah, nu salah disebutkeun bener. Eta tekad nu pinuh ku panipuan. Pagawean mitnah ngahaheutkeun hate (jalma sejen), eta kanyataan nu disebut ngahianat ka diri sorangan.

Baca Juga: Nyawalakeun Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda, Perlu Dirumuskeun deui

Anu disebut ngahianat jalma sejen teh: mipit teu amit, ngala teu menta, nyokot teu bebeja. Kitu deui ngarampas, maling, ngarampog, nodong, pagawean nu kaasup hianat, enya,  hianat ka jalma sejen ngaranna teh.’

Di dieu anu ngaranna hianat, licik (culas), ngabohong teh kacida dijempad dina palanggeran etika Sunda mah. Kitu deui teu ngajenan nu jadi guru, teu ngajenan ka saluhureun, babakuna saluhureun dina umur, kacida pisan dipahing, diebutna teh ngalunjak, teu ngajenan jeung ngahina atawa nyacampah.

Ngeunaan kumaha palakiahna sangkan bener-bener jadi manusa nu paripurna: Ini ujar sang sadu, basana mahayu drebyana. Ini tritangtu di bumi. Bayu kita pinaka perebu, sabda kita pinaka rama, hedap kita pinaka resi, ya tri tangtu di bumi, ya kangken pineguh ning bwana ngaranna.

Hartina: ‘Ieu papagah Sang Wijaksana, ieu tilu katangtuan di dunya:  kakuatan (kaasup dina harta banda) urang kudu kawas raja, ucap urang kudu kawas sesepuh, sipat jeung paripolah  urang kudu kawas resi. Eta tritangtu di bumi teh nu disebut keur ngukuhkeun dunya.’

Baca Juga: Kaancuran Bangsa jeung Nagara

Tina kituna anu tritangtu di buana teh teu ngan ukur dina lebah pamarentahan, tapi oge kudu dibanda ku manusa sacara individu. Ieu ajaran etika atawa adab di Sunda. Raja atawa ratu, rama (sesepuh), jeung resi (ahli agama), kudu gumulung  ngahiji dina tekad ucap jeung lampah.

Songong Basa Sunda

Kecap “songong” dina Kamus Basa Sunda meunang nyusun Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBBS), hartina heuras genggerong, teu nembongkeun hormat ka saluruheun dina ucap-ucapan. Para ahlibasa nyebutkeun kecap “songong” teh asalna tina basa Sunda ngan saterusna leuwih loba dipake ku urang Batawi. 

Kecap songong geus asup kana kabeungharan kecap (kosa kata) basa Indonesia. Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) online “songong” hartina tidak tahu adat. Kecap songong oge kapanggih dina basa gaul nu biasa dipake ku rumaja, songong di dieu hartina asa aing nyaho jeung sombong.

Songong ditunjukkeun dina perilaku jeung ucap nu duanana henteu bisa dipisahkeun. Heuras genggerong nembongkeun jalma nu garihal dina nyarita, degeng, asa aing pangbisana pangkawasana pangnyahona tepi ka ngahampas ka nu sejen, kaasup ka saluruheun, boh dina umur, dina luang, pangalaman, boh dina pangaweruh.

Patalina jeung songong dina basa Sunda aya oge kecap handap lanyap. Dina Kamus Basa Sunda LBSS handap lanyap hartina: rangkah-rengkuh, sarta kekecapanana hade, tapi maksudna ngunghak atawa ngahina. Ngunghak asal kecapna unghak nu dina Kamus Basa LBSS hartina ngahina saluruheun.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler