Tumuwuhna Korupsi di Indonesia, Prof Dr Anthon F Susanto, SH, MHum: Aparatur Hukum Masih Bisa Dibeuli

12 Desember 2023, 16:17 WIB
Prof. Dr. Anthon F Susanto, SH, M.Hum. /Cecep KS/Galura/

GALURA.CO.ID. - Moral nu tanggoh baris jadi jaminan nu nyata, témbongna pancén gawé aparatur dina nanjeurkeun aturan hukum nagara di lingkungan masarakat. Ironisna, tumuwuhna korupsi di Indonesia, nu jadi marga lantaranna ku sabab masih héngkérna etika jeung moral aparaturna sorangan.

Éta kamandang téh ditembrakkeun ku Prof. Dr. Anthon F. Susanto, SH., M.Hum., sawatara waktu ka tukang, ngajawab pananya wartawan, saréngséna inyana dikukuhkeun jadi  Guru Besar Ilmu Hukum di Aula Mandala Saba, Kantor Rektoriat Universitas Pasundan (Unpas), Jl. Tamansari, Kota Bandung.    

Ceuk Anthon F. Susanto, nu sapopoéna nyangking kalungguhan Dekan Fakultas Hukum Unpas, mahabuna korupsi di Indonesia, tepi ka ayeuna can mampuh diungkulan. “Héséna ngabasmi korupsi nu mingkin mahabu téh, ku lantaran sistem penegakan hukum di Indonesia, pondasina tepi ka ayeuna masih ngagunakeun nalar barat, cohagna mah can ngagunakeun aturan hukum nu luyu jeung nalar Indonesia,” pokna.

Nembrakeun pamikiranna, Anthon nandeskeun, ngabasmi korupsi lain waé konsep sistem peradilan modéren, tapi kudu dirojong ku cara ngamekarkeun nilai etika, moralitas, jeung tangtuna aturan agama.  

Baca Juga: Karajaan Banten Sabada Pajajaran Burak, Karaton Surosowan Diancurkeun ku Daendels

Komo deui mun dipatalikeun jeung akhlak sawatara penegak hukum di Indonesia, nurutkeun Anthon, kabuktian masih aya nu bisa dibeuli, éta jelas panyakit sosial, lemahna mental, ipisna moral.  Kasang tukangna pondasi moralitas jeung etika penegak hukum nu jadi pucuk masalah ti girangna.

Naon anu kudu dikahareupkeun atuh?

“Cindekna mah, mun moralitas jeung etika penegak hukum di nagara urang mingkin tanggoh, pondasi moral mingkin kuat, insyaalloh, nanjeurkeun aturan hukum katut ngabasmi korupsi mingkin katara jeung karasa hasilna,” pokna.

Anthon nandeskeun, nanjeurkeun aturan hukum tantanganna mingkin nembrak, karasa patali melesatna dinamika jaman pameredih tina tumuwuhna kahirupan di era globalisasi.

“Kiwari, pameredih jaman sarwa instan, balukarna kahirupan urang diséréd kana jaman era radikal,  tepi ka nu ngaranna ngabéla bebeneran dina kahirupan, alam kiwari mah geus mimiti ditatanyakeun ku sawaréhna warga masarakat. Pamustunganna hoaks mingkin mahabu jeung informasi nu can karuhan benerna geus teu kabendung,” pokna.

Baca Juga: Situs Pasir Pantun Sukadana Ciamis, Nanggap Pantun Kajadian Musibat

Sanajan kitu, Anthon tetep optimis, patalina jeung nanjeurna aturan hukum jeung ngabenum sasalad korupsi di Indonesia. “Perlu kaarifan lokal nu diterapkeun di jerona,” pokna.  Maksudna, ceuk Anthon, aya perpaduan logika jeung rasa dina ngahartikeun aturan hukum di Indonesia.

“Éta bisa dipesék kearifan lokal hukum Indonesia nu geus dikembangkeun ku Paguyuban Pasundan jeung Unpas, nyaéta, ngamekarkeun Kosmologi Ilmu Hukum, kayaning agama, Ilmu pengetahuan, jeung nagara,” pokna.

Tegesna, ceuk Anthon, kaunggel dina suluk, pengkuh agamana, luhung élmu jembar budayana nu dilarapkeun dina kecap nyantri, nyunda, nyakola nu ngagambarkeun kecerdasan spiritual jeung intelektual katut emosional.

Prof. Dr. Anthon F Susanto, SH, M.Hum. jeung réngréngan Guru Besar Unpas nu séjénna.*
 

Réngking ka-5 sadunya

Gumelar di Bandung, 17 Mei 1969, nyutat tina biografina, Anthon ngaréngsékeun pendidikan S1 Fakultas Hukum Unpas taun 1994, S2 Program Pascasarjana Ilmu Hukum Universitas Diponegoro (Undip) Semarang taun 2001, jeung S3 Program Doktor Ilmu Hukum Undip. Sapopoéna, ieu dosen ilmu hukum Unpas téh aktif jeung produktif nulis buku karya ilmiah.

Tepi ka ayeuna, Anthon geus ngaréngsékeun 18 buku ilmiah ngeunaan ilmu hukum, sajumlah artikel, katut jurnal nasional jeung internasional. Karya bukuna, di antarana, Filsafat dan Teori Hukum, Penelitian Hukum Transformatif-Partisipatoris, Dekonstruksi Hukum, Wajah Peradilan Kita, jeung karya buku hukum nu séjénna.

Tina rapékanna dina nulis karya ilmiah ngeunaan ilmu hukum, taun 2022 ka tukang Anthon kaselir jadi salasaurang dosen hukum nu ngaranna kacatet Top V Ranking Scientist in University nu dirilis ku AD Scientific Index 2022 Indonesia.  AD Scientific Index, sistem peringkat jeung analisis dumasar kinerja jeung produktivitas ilmiah para individu ilmuwan nu jumlahna 743.755 urang ti 14.194 paguron luhur di 216 nagara. Anthon nempatan urutan ka-5 widang kajian Teori & Filsafat Hukum.

“Lain waé hiji kareueus, ieu préstasi saenyana jadi bahan keur evaluasi diri,” pokna.

Baca Juga: Tatanen Nguntungkeun, Dipiharep Mucunghul Patani Milenial Nu Tanggoh

Munasabah, éta préstasi ngajurung pangharepan Anthon pikeun leuwih produktif jeung leuwih ngaronjatkeun kualitas tulisanna, malahmandar jadi inspirasi jeung motivasi keur para dosen di lingkungan Fakultas Hukum (FH) Unpas, mitembeyan nyieun karya tulis.

“Karya urang baris diajenan, bisa dijadikeun rujukan ku saniskara masarakat kampus di dunya internasional. Sok komo di éra digital kawas ayeuna, baris nyeungitan ngaran lembaga. Nu pasti, mangsa kiwari pancén dosen lain waé diukur tina cara ngajar, tapi diukur ogé tina produktivitas keur ngaronjatkeun eksistensi lembaga,” cenah.

Jadi Guru Besar, saéstuna amanah ti Nu Maha Kawasa. Anthon mingkin pageuh pamadeganna, nyiptakeun pancén gawé nu ngalahirkeun ide jeung gagasan nu mingkin ngangkat ajén-inajén lembaga. “Ka payun mah, sistem rekrutmen dosen di FH Unpas, orientasina neueul kana pendidikan S3 sareng niténan hasil karya ilmiahna. Léngkah ieu téh kanggo ngawujudkeun FH sareng dosen nu mibanda kualitas,” pokna.*** Cecep Ks

Baca Juga: Hakordia 2023, Inspektorat Kabupaten Bandung Gelar Lomba Literasi, Numuwuhkeun Anti Korupsi ti Leuleutik

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler