H. Yanuar Prihatin, M.Si., : Angklung Bisa Jadi Kokojo Pikeun Ngabandang Wisatawan Mancanagara

1 Maret 2023, 17:30 WIB
Yanuar Prihatin, M.Si., Anggota DPR RI.* /Ajun Mahrudin/Galura/

 



GALURA-Nyaritakeun pariwisata, memang henteu bisa dipisahkeun reujeung alam, niley-niley religi jeung seni kreatif.

Nya Kuningan miboga potensi boh sumber daya alam (SDA) kawas Gunung Ciremai, boh sumber daya manusa (SDM.

Tapi tarekah mekarkeun Gunung Ciremai jadi kokojo wisata mancanagara, saenyana geus eleh ku gunung-gunung sejen.

Baca Juga: Sababaraha Objek Wisata di Kuningan Rek Ditawarkeun ka Wisatawan Mancanagara

Contona wae Gunung Tangkubanparahu, Gunung Bromo jeung gunung sejen anu kasohor, jadi pangjugjugan wisatawan mancanegara.

Eta hal ditembrakeun ku anggota DPR RI, ti Partai Kebangkitan Bangsa (PKB) Daerah Pemilihan X Jawa Barat (Kuningan Ciamis Banjar Pangandaran), H. Yanuar Pihatin, M.Si., basa tepung di Kuningan.

"Gunung Ciremai teu tiasa janten kokojo atanapi branding kanggo ngondang wisatawan mancanagara," ceuk Yanuar.

 Baca Juga: Mahasiswa Uniku, Ngadeudeul Kamekaran Wisata Ngaliwatan Poster Jeung Video

Naon atuh anu kudu dilakonan ku pamarentah dina mekarkeun pariwisata Kuningan sangkan bisa ngajaul di dunya internasional?

Ceuk Yanuar, dina mekarkeun daerah utamana anu ngait kana sual tarekah mekarkeun pariwisata daerah, kudu miboga ciri anu mandiri.

Salah sahijna ngaguar potensi lokal anu bisa jadi tarik kapariwisataan daerah nepika bisa ngadatangkeun turis ti manacangara.

Nurutkeun Yanuar, alam kawas Gunung Ciremai lain kokojo, lain pikeun branding, tapi semet pikeun ngarojong branding utama.

Kuningan bisa ngali potensi seni kreatif angklung, teu semet gumantung kana alam.

Eta potensi lokal, ngakar kana sajarah,
ngamasarakat, gampang ditiru, waragadna kahontal jeung pasar internasional geus kabentuk.


Sajarah angkung di Kuningan kawilang jero. Aya samemeh Indonesia merdeka.

Samah angklung tina nada tradisional kana nada modern diciptakeunna di Kuningan, ku Daeng Sutigna.

Angklung kungsi dipentaskleun dina Perundingan Linggajati, di Desa Linggajati, Kecamatan Cilimus jeung di Pendopo Kabupaten Kuningan.

Kiwari rea kleub-kleub angklung di Asia, Eropa, jeung Eropa Samalah rea urang mancanagara anu tumanya, lamun hayang diajar angklung di Indonesia kudu ka mana.

Maranehna leuwih apal ka Saung Angklung Udjo di Bandung, batan angklung Kuningan.

Kuningan kudu miboga ciri has, dumasar parwisata, tapi seni kreatif.

"Kantun kumaha political wil ti pamarentah, kedah kagungan udagan lima taun kapayun Kuningan janten Kota Angklung kelas Internasional," ceuk Yanuar.***

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler