Pindad Baris Ngaluarkan Kandaraan Taktis Listrik Taun Hareup, Ngaranna ti Presiden Jokowi, MAUNG!

18 Januari 2023, 17:27 WIB
Rantis Maung nu ngaranna anyar keneh pisan diresmikeun Presiden Jokowi /IG/Pindad/PT Pindad

GALURA - PT Pindad bagean holding BUMN industri pertahanan, Defend Id, terus berkarya keur bangsa ku nyiptakeun kandaraan taktis keur kapentingan pertahanan Indonesia.

Sanggeus nyiptakeun kandaraan taktis (rantis) generasi katilu nu dibere ngaran "Maung" ku Presiden Jokowi, Pindad baris ngaluarkeun nu sejenna taun hareup.

Eta hal ditembrakkeun ku Direktur Teknologi dan Pengembangan PT Pindad Sigit P. Santosa di kompleks Kementerian Pertahanan, Jakarta, Rabu 18 Januari 2023.

Baca Juga: PT PLN Majalengka Nganjang ka Polres Majalengka, Aya Patalina jeung Leungitna Trafo

Kandaraan taktis (rantis) nu rek dikaluakeun Pindad taun anyar teh versi kaopat, varian listrik.

"Taun payun baris dikaluarkeun versi kaopat, varian electric vehide," cek Sigit.

Eta hal ditembrakkeunana sabada acara netepkeun ngaran kandaraan taktis buatan Pindad ku Presiden Jokowi. Ngaranna nyaeta "Maung".

Baca Juga: Sidang Kasus Brigadir J, Tim Jaksa Nungtut Bharada E Dihukum Pidana 12 Taun, Kieu Alesanna

 

Rantis Maung teh, minangka generasi katilu tina kandaraan nu dijieun ku PT Pindad.

Nurutkeun Sigit, sangkan rarancang pihakna taun hareup ngaluarkeun rantis generasi kaopat laksana, pihakna ayeuna terus ngundakeun sawatara hal patali jeung tingkat kandungan dalam negeri (TKDN) rantis Maung.

Ayeuna TKDN rantis Maung teh karek kurang leuwih 65 persen. Tah dipiharep di taun ayeuna TKDN bisa undak meh rantis varian listrik ngawujud taun hareup.

Baca Juga: Dina Rembug Bedas ka-15 Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Nanjung, Ngajukeun IMB, 6 Bulan Can Réngsé

"Rolling chasis, trim, engine, power trim masih meunang ngimpor. Nu asli meunang Pindad karek desain, develop, jeung builtna, kaasup ti mitra ekosistemna," pokna.

Ka hareup, pokna, sawatara part rek mimiti dilokalisasi jadi dasar keur ngembangkeun varian listrik Maung.

"Engke engine, chasis frame baris dilokalisasi nujul ka electric vehicle. Ku cara kitu TKDNna bisa 80-90 persen," tambahna.

Baca Juga: Mieling HUT PDI Perjuangan, Teh Ineu Ngagelar Turnamen Bola Voli Putri di Desa Panyingkiran Majalengka

Rencanana, ngaran rantis varian listrik ge baris dibere ngaran Maung, sakumaha ngaran rantis generasi katilu nu ngaranna diresmikeun ku Presiden Jokowi sawatara jam kaliwat di Jakarta.***

 

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA

Tags

Terkini

Terpopuler