Kasus Rajapati Brigadir J, JPU : Ricky Rizal Kudu Ditibanan Hukuman Berok 8 Taun!

16 Januari 2023, 19:28 WIB
Ricky Rizal atau Bripka RR didakwa narima hukum berok 8 taun/Tangkapan Layar Instagram.com/@kureta.id /Tangkapan Layar Instagram.com/@kureta.id

GALURA - Kasus rajapati nu ngalantaran Brigadir J ngemasing pati sawatara waktu ka tukang, geus asup ka sidang tungtutan di Pengadilan Negeri Jakarta Selatan.

Beja anyar ngeunaan kasus rajapati Brigadir J, hiji palakuna, Ricky Rizal didakwa ku jaksa penuntut umum (JPU) pikeun ditibanan hukuman berok salila 8 taun.

Eta hal ditepikeun ku JPU di Pengadilan Negeri Jakarta Selatan poe Senen 16 Januari 2023 dina sidang terdakwa Ricky kalawan agenda macakeun tungtutan.

Baca Juga: SDN Kuningan 17 Pindah, Acep : Bangunan Heubeul Rek Dibebenah Jadi Lahan Parkir

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Baca Juga: Tradisi Nyadap, Ogoanana Tangkal Kawung, mun Pundung Teu Beunang Diolo

Ricky Rizal teh, dina kasus rajapati nu ngalantaran Brigadir J ngemasing pasti, minangka hiji palaku nu dititah nembak ku Ferdy Sambo.

Alatan tembakan Ricky Rizal nu ngaku teu bisa nolak parentah Sambo lantaran dunungan, Brigadir J ngemasing pati.

"Nibankeun pidana ka terdawak Ricky Rizal Wibowo ku pidana penjara salina 8 taun dikurangan ku waktu ditahan saheulanan," cek JPU dina persidangan di Pengadilan Negeri (PN) Jakarta Selatan.

Baca Juga: Lalakon Bioskop Pasifik Sumedang nu Kiwari Jadi Tempat Usaha, Sajarahna Lain Lalawora

Nurutkeun katerangan, sajaba ti Ricky Rizal, nu kalibet dina eta kasus aya sawatara urang.

Maranehna, tangti wae Ferdy Sambo, Putri Candrawathi, Richard Eliezer alias Bharada E, jeung Kuat Ma’ruf.

Kabehanana kalibet dina rajapati nu ngalantarankeun Brigadir J tinggal layon, di imah dines Ferdy Sambo, di Kompleks Polri Duren Tiga Jumaah 8 Juli 2022 nu geus kaliwat.

Baca Juga: Alun - Alun Singaparna Ayeuna Ginding Kacida, Beda Pisan Jeung Baheula, Ridwan Kamil : Ruang Publik Tumaninah

Dina sidang samemehna, Kuat Ma’ruf didakwa ngarempak Pasal 340 KUHP subsider Pasal 338 KUHP juncto Pasal 55 Ayat (1) ke-1 KUHP juncto Pasal 56 ke-1 Kitab Undang-Undang Hukum Pidana (KUHP). 

Ieu kasus jeung sidangnya, tug ka kiwari meunang perhatian nu gede ti publik, lantaran panasaran. ***

 

Editor: Aam Permana S

Sumber: PMJ News

Tags

Terkini

Terpopuler