Kabayan Ngalanglang Jaman (9): Mantuan Sangkuriang, Néangan Dayang Sumbi

- 10 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

KABAYAN nuluykeun omonganana.

“Tah, balikan deui ka panyajak téa, ka tukang nyanggi sajak téa. Najan éta panyajak awongan-awongan hayang hirup tepi ka sarébu taun deui, tapi kapan umur manusa mah aya watesna, manéhna kalah maot ngora-ngora dina umur 26 taun.”

“Ké heula, bet kalah medar perkara umur, andika mah!”

“Maksud téh, kami rék ngajawab patalékan andika nu tadi.”

“Patalékan nu mana?”

“Andika tadi nyebutkeun, yén andika téh leuwih kolot ti kaula. Tapi, ceuk andika kénéh, ku naon justru bet kaula anu katempona jiga leuwih kolot.”

“Enya, ku naon tah?” Sangkuriang panasaraneun.

“Dina jaman andika ayeuna, umur andika téh mémang ngora kénéh. Atuh dina jaman kami, kami mémang geus aya umuran. Sanajan urang hirup dina jaman anu béda naker, anu jauh naker, tapi ku ayana alat mesin waktu anu dijieun ku kami téa, urang bisa tepung di jaman anu sarua bari umur urang tetep henteu robah, henteu nambahan. Cohagna, ku mesin waktu jieunan kami téa, jaman di mana andika hirup jeung jaman di mana kaula aya téh bisa ngalebur dina hiji dimensi...”

“Tuh, geus teu ngarti deui waé maké ungkara basa téh. Geus, ah, nerangkeun téh andika mah tambah ngalieurkeun baé, geuning...”

“Tangtu bakal lieur, da andika mah henteu ngalaman inya kumaha jaman kami bisa leuwih maju batan jaman andika…”

Sangkuriang rék nyela omongan Profésor Kabayan, tapi Profésor Kabayan gancang méré isarah supaya Sangkuriang henteu nyela omonganana.

“Di jaman kami, anu disebut jaman modern…,” …,” Kabayan nuluykeun omonganana, “… jalma-jalma téh leuwih ngulik kana naon nu disebut élmu pangaweruh, ngarulik kana teknologi super-canggih. Baheula, contona di jaman andika, anu bisa ngapung téh sasatoan anu baroga jangjang bangsaning manuk, papatong, bangbara, tonggérét, turaés, bangbung, laleur, reungit, jeung sajabana. Tapi di jaman kami, nu disebut jaman modern téa, anu bisa ngapung téh lain ukur sasatoan nu baroga jangjang wungkul, tapi ogé barang paéh nu disebut kapal atawa pesawat udara. Enya, barang paéh, da sasatna bisa ngapung téh éstu ku mesin tur dikadalikeun ku jalma nu disebut pilot...”

“Ké heula, Ki Kabayan...,” Ki Amuksaketi anu ti titadi balem bari ngaregepkeun caritaan Profésor Kabayan, panasaran megat omongan.

“Heup, ulah waka nyoara, Ki Amuksaketi, ulah loba tunyu-tanya. Bisi tambah lieur,” omong Profésor Kabayan bari ngahéhéh. 

Kitu deui Ki Amuksalaksa, anu kawasna ti tatadi ngemu kapanasaran, geuwat milu nyoara, “Tapi...”

“Ké, ulah waka tapi-tapian, Ki Amuksalaksa! Jadi..., naon anu ceuk jalma di jaman arandika kaasup pamohalan, di jaman kami mah geus ilahar. Di jaman andika, alat perang téh meureun ngan saukur tumbak jeung paser, tapi di jaman kami geus aya kanon, meriam, peluru kendali, bom, nuklir, laser, jeung sajabana. Kami bisa nyiptakeun mesin waktu gé, anu bisa mawa kami nganjang ka bihari jeung ka baringsupagi gé, meureun ceuk andika mah pamohalan, lin?”   

“Enya, pamohalan. Mungguh teu katepi ku akal!” omong Sangkuriang semu ngagerendeng.

Ari Ki Amuksaketi, gawéna unggut-unggutan, kawas nu tuluyna heueuh ngarti.

“Jadi, mun kitu mah sora gumuruh jeung guludug tadi téh, sumberna mah ti andika meureun, nya?” ceuk Ki Amuksaketi sanggeus unggut-unggutan sakitu lilana.

“Enya, tina mesin waktu anu andika, nya?” Ki Amuksalaksa gé pipilueun nanya.

“Na kumaha, kitu?”

“Pédah we tadi kula asa leupas pangacian.”

“Enya, puguh. Kula gé tangka ngayekyek.”

Ngadéngé kitu mah Profésor Kabayan nyakakak, ngarasa lucu ku pamolah parabadégana Sangkuriang.

Atuh Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa gé tuluyna mah pipilueun nyakakak.

Anapon Sangkuriang ukur imut, asa kagugu.

“Aéh, Anom...,” omong Ki Amuksaketi sanggeus répéh seuri.

Nu séjén gé jep baé jempé, bari tuluyna marelongkeun ka Ki Amuksaketi, ngadago-dago naon nu rék diomongkeun ku éta badéga anu leuwih koloteun ti baturna.    

“Aya naon, Ki Amuksaketi? Pok wakcakeun ka kaula!” Sangkuriang melong seukeut ka badégana.   

“Kieu, Anom... Sakumaha anu geus kapireng ku urang, Ki Kabayan téh geus hasil nyiptakeun mesin waktu anu bisa mawa urang nganjang ka unggal tempat ka saban jaman...”

“Heueuh, bener. Tuluy...?”

“Kieu meureun maksud Ki Amuksaketi mah, Anom...,” Ki Amuksalaksa gancang mangnémbalankeun. “Urang téh apanan geus lila nénéangan Endén Dayang Sumbi, tapi taya hasilna tepi ka danget kiwari. Kumaha mun Ki Kabayan dipéntaan tulung, sugan ditéangan maké mesin waktu mah bisa kapanggih tah Endén Dayang Sumbi téh. Saha nu terang Endén Dayang Sumbi téh aya di jaman nu séjén... Lain kitu, Ki Lanceuk?”

“Heueuh!” témbal Ki Amuksaketi bangkenu, tayohna ngarasa ambek pédah boga gagasan (nu ceuk pangrasana) hadé, ‘diambil-alih’ kitu baé ku baturna. 

Nénjo kitu, Sangkuriang ukur imut.

“Geus, teu kudu leutik haté, Ki Amuksaketi. Da kaula gé nyaho, éta kamandang anu hadé téh holna lain ti Amuksalaksa, tapi ti andika. Lain kitu, Ki Amuksalaksa?”

“Is, ceuk saha, kulan? Sidik kaula gé milu mikir!” ceuk Ki Amuksalaksa, biwirna jebi. 

“Mikir ti endi! Mulung muntah, andika mah! Ngan nuluykeun kamandang ti kula!”

“Nuluykeun ogé teu asal calangap, Nun! Nu penting mah omongan kula bisa ngungkulan kasusah Anom!”    

“Nya tangtu baé teu asal calawak, da andika geus nyaho ka mana loyogna jalan pikiran kula!” 

“Ké lanan, ulah waka pacéntal-céntal kitu, emh!” Profésor Kabayan ngahuit.

“Jadi, aya nu ditéangan, nya, Ki Sangkuriang téh?” ceuk Profésor Kabayan ka Sangkuriang.

“Enya. Nyi Dayang Sumbi, nu keur ditéangan téh. Najan kumaha baé, kaula téh cinta kénéh ka manéhna. Panasaran, puguh. Najan ceuk manéhna, manéhna téh indung kaula, cinta kaula mah tetep modél cintana lalaki ka awéwé, lain cinta hiji budak ka indung.”

“Kaharti lebah dinyana mah. Kami gé geus apal caritana, yén Sangkuriang téh nyosok bogoh ka Dayang Sumbi anu nyata-nyata cenah indung-tegesna.”

“Ké lanan…, sual kaula bogoh ka Dayang Sumbi, andika nyaho ti mana?” 

“Ti dongéng anu didongéngkeun deui turun-tumurun.”  

“Lamun kitu, atuh ngaran kaula téh sohor nya, di jaman andika mah?”

“Sohor, leuwih-leuwih ti sohor. Ngaran andika geus diabadikeun dina karangan-karangan tinulis, dina pagelaran téater, dina pilem...”

“Téater? Pilem?”

“Ieu gé salasahiji kamajuan peradaban jeung kabudayaan di jaman kami. Leuwih jauhna deui mah, keun wé ku kami diguar deui engké, mun nyalsé. Aéh, enya... perkara andika rék néangan Nyi Dayang Sumbi, kami siap mantuan... Mantuan mawa andika ngalanglang ka sakuliah tempat, malah mun téa mah teu kapanggih baé, hayu urang ngalanglang jaman...”*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (10): Cinta jeung Pangorbanan

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x