Putri Anjungsari (100), Raja Dayeuhluhur Ngirimkeun Utusanana, Mileuleuheungkeun Putri Pajajaran

- 28 April 2023, 06:00 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /

DUA poe ti sabada datangna telik sandi Cirebon ka Pasir Raksa Bumi, Gingin dating deui, dibarengan ku saurang lalaki sapantaran jeung Aki Kanta. Tina dedeganana, paromanana jeung soro panonna, lain somahan, tapi holna ti kalangan karaton, najan ari pakeanana mah teu beda jeung nu dipake ku Gingin.

“Ki kula ka dieu teh marengan utusan Raja Dayeuhluhur,” ceuk Gingin sanggeus diuk di jero saung.

“Anu diseja?”

“Anu bareng jeung kami teh kokolot karaton Dayeuhluhur, kapercayaanana raja. Raja teh ngajurung kami nepungan raha Panjalu…..” Gingin teu neruskeun omonganana, anggur ngareret ka nu dibawana, maksudna mah sina neruskeun.

“Pangampura, nun. Kami ngaran mah Ki Tambaga. Ngahaja ka Kawali diutus ku raja,” ceuk Ki Tambaga.

Aki Kanta unggut-unggutan. “Bagea,” pokna. “Hampura kami nanya, ari nu diseja pangna jauh-jauh datang ka Kawali?”

“Kami ngahaja nyimpang heula ka dieu, diajak ku Gingin. Hayang dianteur ku selira ka tempat dumuk Putri.”

“Dia rek nepungan Putri?”

“Kieu, raja kami hayang bogaeun prameswari ka rundayan Pajajaran nu deukeut keneh. Raja kami apan luluhurna mah ti Pajajaran. Raja kami teh hayangeun nganyaran deui rundayanana, sangkan kandel deui Pajajaranana,” ceuk Ki Tambaga.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x