“Lain, semah kami mah.”
“Ti mana?”
“Ti Kulon. Dia?”
“Ti Wetan, ti Kawali.”
“Kawali? Ka dieu rek ka pasarean wungkul? Moal ka mana-mana deui?”
“Kana kitu.”
“Jeung saha dia ka dieu?”
“Opatan, tiluan deui ngadagoan, di deukeut tangkal lame,” tembal Atus bari ngagilerkeun sirahna ka lebah tangkal lame.
Panon eta lalaki nuturkeun panunjuk Atus. Katempoeun tilu urang keur dariuk. Dipencrong sakeudeung, geus kitu nyanghareup deui ka Atus.
“Dagoan wae di dieu tukang parahuna, kawasna moal lila deui datang,” pokna. “Kami ka warung.”