Putri Anjungsari (42), Opat Lalaki nu Make Baju Sarwa Hideung Mencrong Seukeut pisan ka Aki Jaya Sabatur-Batur

- 1 Maret 2023, 05:30 WIB
Di ponclot Gunung Sepuh di tapel Wates Kecamatan Limbangan Kabupaten Garut jeung Nagreg Kabupaten Bandung aya patilsan,  nu cenah mah aya patalina jeung Pajajaran.
Di ponclot Gunung Sepuh di tapel Wates Kecamatan Limbangan Kabupaten Garut jeung Nagreg Kabupaten Bandung aya patilsan, nu cenah mah aya patalina jeung Pajajaran. /Nanang S/Galura

 

MEMEH sarare, Aki Jaya sok mindeng ngawangkong heula. Asmita, Atus, Gingin, jeung Suba mindeng tunyu-tanya ngeunaan rupa-rupa paelmuan, babakuna nu aya patalina jeung kasalametan hirup. Aki Jaya saeutik-saeutik ngawirid jeung nurunkeun pangaweruh katut elmuna, kaasup jeung keur meulina, keur ngalapna, di antarana kudu puasa, mutih jeung puasa mati geni.  

Aki Jaya nu kasebut luang, pangalaman jeung paelmuana jauh saluruheun nu opatan oge tara era tunyu-tanya ka Gingin, ka Atus, ka Asmita, ka Suba ngeunaan pangaweruh jeung elmu nu dipibanda ku opatanana. Basana teh luang jeung elmu bisa dipulung ti sing saha wae, ti budak satepak, malah ti jalma jahat. Taya jalma nu sampurna, kitu ceuk Aki Jaya teh.

“Ki, geus beurang, moal waiyuh miang deui?” ceuk Asmita bari tanggah.

Baca Juga: Putri Anjungsari (41) Lalakon Suba Leungit Dibawa Maung nu Disambatna

“Ke lanan, sakeudeung deui,” tembal Aki Jaya. “Itu Atus kawasna keur betaheun ngobeng lauk.”

“Deuk meuleum lauk heula? Urang mirun seuneuh atuh…,” ceuk Asmita.

“Nitah tukang warung wae, engke. Ambeh gancang. Di darmaga sigana aya warung.”

“Kitu hade, ambeh tereh, ongkoh urang teu boga uyah.”

Baca Juga: Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

Pirajeuneun Asmita ngareret ka girangeun walungan, katempo rakit ngageuleuyeung. Anu ngawelahna dua urang, ti hareup jeung ti tukang, galahna awi saleunjeur, panjang. Di antarana nu ngawelah dariuk opat urang. Kabeh oge lalaki, make pakean sarwa hideung, kitu deui totopongna. Anu ngawelah mah make dudukuy tina anyaman awi.

“Ki,” ceuk Asmita bari noel Aki Jaya nu angger merhatikeun Atus nu ngojayna bari teuteuleuman.

Aki Jaya ngareret.

“Rakit,” ceuk Asmita bari ngalieuk ka lebah girang.

Aki Jaya curinghak, jung nangtung. Panonna mencrong ka lebah rakit nu beuki deukeut wae.

Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

“Kira-kirana saha, nya? Siga nu rek nyampeurkeun urang,” ceuk Asmita  nu angger diuk.

“Nu keur ngala lauk, kitu?” tembal Aki Jaya malik nanya.

“Asa teu katempo parabotna,” ceuk Asmita. “Jigana lain keur ngala lauk. Piraku rakitna lajuna tarik.”

Aki Jaya diuk deui. Panonna mah angger manco kana rakit nu luak-leok nyingkahan batu badag nu ditaringgul di walungan. Tapis pisan tukang rakit ngawelahna teh. Kawasna geus manukna rarakitan di Cimanuk. Anu tumpak rakit tembong siga nu kakara tumpak rakit di walungan nu caina tarik, leungeunna maruntang awi pamageuh rakit.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

Atus jeung Gingin barang nempo rakit ngadeukeutan haranjat, rup-rap marake bajuna nu ngulumbruk luhureun batu. Atus sanggeus dibaju, mulungan lauk nu dialung-alungkeun ka sisi walungan. Teu wudu loba beubeunanganna teh. Laukna ditiiran ku eurih. Duanana laju nyampeurkeun  Aki Jaya jeung Asmita, terus dariuk gigireunana.

“Boa-boa urang Carbon,” ceuk Gingin, panonna neuteup rakit nu lajuna beuki tarik.

“Tacan atra kana tangtunganana. Ari tukang rakitna mah jigana urang dieu. Tapis pisan ngawelahna,” tembal Aki Jaya.

Basa geus rek anjog ka lebah Aki Jaya, Asmita Atus jeung Gin-Gin dariuk nu lebah dinya cai walungan teu tarik teuing nyeotna, rakitna lalaunan dikendoran, terus dikasisikeun. Anu tarumpakna narangtung. Sanggeus rakitna eureun pisan, opatanana ngagarajleng ka darat. Patutur-tutur nyampeurkeun Aki Jaya.

Baca Juga: The Conquest of Java Ngagambarkeun Rongkahna Perjoangan Bagus Rangin

Aki Jaya, Atus, Gin-Gin jeung Asmita narangtung.

“Sampurasun,” ceuk salahsaurang nu anyar datang, kawasna mah kokolotna.

“Rampes,” tembal Aki Jaya.

“Keur naraeun di dieu, Ki Sanak?”

“Keur ngaso, ngareureuhkeun cape,” ceuk Aki Jaya, panonna neuteup ka nu nanya. Hatena reugreug, lentong nu nanya lain lentong urang Cirebon atawa urang Wetan.

Baca Juga: Pangeran Kornel nu Ngabantuan Kolonial Belanda Ampir Tiwas Dipanah ku Bagus Manuk

“Ti mana kitu? Rek ka mana?”

“Ti Kawali rek ka Rajamandala.”

“Jauh temen. Rek naeun ka Rajamandala?”

“Ieu nganteur barudak hayang ulin ka Rajamandala,” ceuk Aki Jaya. ”Daria ti mana?”

“Kami ti Limbangan.”

“Pribumi geuning,” ceuk Aki Jaya. “Arek ka marana?”

“Kami mah moal ka mamana.”

“Rarakitan wungkul?”

“Meungpeung salse….,” tembal kokolot nu anyar datang bari seuri.

Panon Aki Jaya ngareret ka lebah gunung nu tembong lapat-lapat, peuntaseun walungan.

“Ke, kami rek nanya. Ari itu Gunung Sepuh?” pokna.

Anu opatan ngaranjug. Malundur. Panonna malencrong seukeut pisan ka Aki Jaya. Nempo kitu, Asmita, Atus, jeung Gingin taki-taki, bari hatena mah hareraneun bet Aki Jaya ujug-ujug nanyakeun Gunung Sepuh. Ari Aki Jaya mah siga nu teu kapangaruhan ku robahna sikep nu alanyar datang. Sajongjongan taya nu nyarita.

Ramo leungeun katuhu Aki Jaya digerak-gerakeun, bari indung leungeunna mapay curuk, jajangkung, jariji, jeung cinggir, sababaraha balikan.  Kokolot nu anyar datang ngarenghap, paromanana henteu katempo kaget deui. Ari baturna mah, nu tiluan, angger nembongkeun mumulu kareuwasna, najan satekah polah disumputkeun.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah