Karajaan Rajagaluh oge diadegkeun ku luluhur Maharaja Sakti. Diadegkeun ku Dewa Niskala nu ngecagkeun kalungguhanana di Kawali alatan kawin ka wanoja ti Majapahit nu geus tunangan. Harita urang Majapahit loba nu ngungsi ka Kawali waktu di Majapahit beuki ngageder Perang Paregreg, perang dulur marebutkeun tahta.
Maharaja Sakti leuwih ti apal kana sajarah karajaan di Tatar Sunda teh. Waktu masih keneh di Pakuan Pajajaran, mindeng ngawangkong jeung parasesepuh nu apal kana sajarah jeung mindeng maca di pabukon. Kulawadet Pajajaran sejenna oge rata-rata nyarahoeun kana sajarah karajaanana jeung kana lalakon luluhurna.
Waktu dipasrahan Kawali, Maharaja Sakti ngarasa pancenna beurat pisan: kudu mertahankeun adeg-adeg Galuh, kudu ngabendung pangaruh Cirebon, pangaruh nu bisa ngaleungiteun ajen-inajen Galuh. Paling henteu kudu mertahankeun ciri, jeung titinggal luluhurna di wewengkon urut Karajaan Sunda-Galuh, ulah tepi ka leungit.
Maharaja Sakti henteu perlu nyiapkeun pasukan. Maharaja Sakti yakineun, Cirebon moal ngagempur Kawali ku kakuatan militer. Luluhur raja-raja Cirebon teh ti Kawali, ti Galuh. Walangsungsang atawa Cakrabuana, seuweu Jayadewata, ngadegkeun Karaton Pakungwati nyanghareup ka Galuh, tanda Walangsungsang ngahormat ka luluhurna.
Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng
Kajaba ti eta, urang Cirebon nganggap Kawali geus teu boga kakuatan nanaon, geus teu boga angkatan perang nu tohaga. Cirebon leuwih museurkeun perhatianana ka Pakuan Pajajaran nu bentengna tacan bisa wae bisa diperuhkeun. Urang Kawali mindeng ngawenehankeun pasukan Cirebon ngaliwat ka Kawali, ngajugjug ka Pakuan Pajajaran.
Pancen Maharaja Sakti sejenna: urang Pajajaran nu ngungsi ka Kawali salamet jeung aman. Jati dirina henteu kanyahoan ku Cirebon jeung ku Demak. Memeh nu ngungsi mariang ti Pajajaran, urang Pajajaran mere iber heula ka Kawali. Urang Kawali sok mapagkeun jeung milu ngamankeun bari teu dipikanyaho ku nu ngungsina.
Anu sina mapagkeun jeung ngamankeunana teh lain tokoh jore-jore, tapi nu mibanda pangalaman jeung mibanda elmu linuwih. Lain ukur kanuragaan, tapi oge elmu nu diperlukeun ku rahayat sangkan sajero lalampahan aman jeung dibantuan mun aya karerepet atawa mun dipenta tulung. Anu ngawal ti Pajajaran oge, lain jalma samanea.
Sakur nu ngungsi ka Kawali, geus sababaraha kali entragan, teu weleh salamet tepi ka Kawali sarta saterusna dumuk di Kawali, bari teu dipikanyo ku nu sejen, babakuna ku telik sandi Cirebon, bisa nyumput di nu caang, teu nembongkeun asalna ti karaton Pajajaran. Atuh mun tadina prajurit teu nembongkeun dirina prajurit*** Nyambung