Putri Anjungsari (54), Rusiah Pangpung nu Dipangpengkeun ka Urang Kulon

13 Maret 2023, 05:30 WIB
Patilasan Mbah Kuwu Sangkan atawa Cakrabuana di Cirebon Girang. Cakrabuana teh taya lian ti Walangsungsang, seuweu Sri Baduga Maharaja nu ngadegkeun Karajaan Cirebon. /Nanang/Galura

 

PAINGAN kumaha?” ceuk Atus bari mencrong ka lalaki nu kajeueungna mibanda kanuragaan nu lain enteng-enteng.

Teu dijawab, kalah ka tanggah. “Dia bakal weruh jaga,” pokna.

“Ari andika rek ka mana?” omong Atus.

“Rek ka kaler. Ti kulon.”

“Sorangan?”

“Ayeuna mah sorangan.”

“Miang ti kulonna?”

“Limaan.”

“Ayeuna ka mana batur andika?”

“Batur kami, duaan,  meuntas peuting kamari, make parahu. Parahuna ti kelebuh. Batur kami nu saurang tacan kapanggih. Tukang parahu mah salamet.”

“Karah batur andika nu meunang mamala teh?” Atus mencrong eta lalaki.

“Geus ngadenge beja?”

“Ti tukang parahu  nu nganteur kami ka dieu.”

“Teu badarat ka dieuna?” eta lalaki malik nanya.

“Ceuk tukang parahu mah jalanna rarumpil. Pibahlaeun peuting mah. Komo nu tacan apal jalan mah.”

“Bener pisan.”

“Ayeuna kumaha pipetaeun?” ceuk Atus panasaran.

“Kami nganti iber ti nu neangan di walungan, beulah hilir.”

“Pan teu kapanggih wae.”

“Nu matak….”

Ras Atus inget kana omongan Gingin waktu ngawangkong jeung tukang parahu.

“Ari teu kapanggih wae mah kawasna henteu ti teuleum. Cai teu keur gede,” pokna.

Eta lalaki mencrong ka Atus. 

“Pikiran kami oge kitu. Komo kami mah geus leuwih ti apal ka nu ti teuleumna.”

“Laju?”

“Kami ngadagoan iber ti batur kami.”

“Ari batur andika nu tiluan deui ka mana?”

Saengab-engabeun eta lalaki rek ngajawab ujug-ujug ngabelesur pangpung nojo ka Atus, holna ti tukangeunana. Leungeun kenca eta lalaki ngagentak nyurungkeun awak Atus ka beula kenca, ari leungeun katuhuna newak pangpung. Atus jajagrigjegan nahan sangka ulah labuh, hareugeueum, najan inyana oge kana bela diri mah geus kawilang asak.

Eta lalaki seuri leutik. Pangpungna nu panjangna sasiku teh dibikeun ka Atus.

“Kami miang heula. Isuk geto panggih deui,” pokna.

Gajleng eta lalaki luncat ka nu bala. Les teu katempo. Ukur rungkun saliara nu oyag-oyagan jeung manuk nu keur hees hiber kagebahkeun.

Atus sakedapan nangtung. Pangpungna diilikan, geus rangu. Atus leumpang ka bangku urut diukna. Pangpungna dibawa. Asmita nyampeurkeun.

“Saha nu tadi teh?” pokna nanya sanggeus diuk gigireun Atus.

“Urang kulon, baturna nu ti teuleum,” tembal Atus.

“Laju kumaha?” Gingin milu nanya.

“Tadi kami aya nu ngabaledog ku pangpung, ditewak ku manehna. Terus manehna seuri. Indit weh….,” ceuk Atus.

“Tanda meureun,” ceuk Gingin.

“Bisa jadi,” tembal Asmita.

Aki Jaya nyampeurkeun.

“Urang balik ka Kawali peuting ayeuna,” pokna.

Bari teu ngadagoan Asmita, Atus jeung Gingin ngawalon, Aki Jaya leumpang muru sisi walungan. Asmita, Atus jeung Gingin nuturkeun. Anjog ka sisi walungan Citarum, ngan aya saurang tukang parahu, lain tukang parahu nu tadi, nu diuk bari nundutan. Ngadenge aya nyampeurkeun tukang parahu curinghak, rucang-riceng jung nantung.

“Meuntas? “ pokna.

“Ka darmaga,” tembal Aki Jaya. “Kuat ngawelahna, ditumpakan ku genepan?”

“Genepan, nya?” ceuk tukang parahu. “Mun dibantuan mah tereh tepi.”

Aki Jaya ngareret ka Gingin nu padumukanana di Dayeuhluhur teu jauh ti Cijolang. Gingin surti.

“Nya, kami milu ngawelah,” pokna. “Kami di tukang.”

Tukang parahu seuri. Jrut turun kana parahu, dituturkeun ku Gingin. Sanggeus tukang parahu jeung Gingin diukna merenah bari nyekel welahna sewang-sewangan, Aki Jaya, Asmita jeung Atus tarurun kana parahu. Ku duaan mah parahu teh lajuna rada tarik, najan ngalawan ngalirna cai walungan.

Gingin saenyana mah bisa leuwih gancang ngawelah parahu, ngan Gingin nahan diri bisa ngalantarankeun tukang parahu reuwas. Leuheung basa mun tukang parahuna teu haliwu, kumaha mun bebeja ka nu sejen? Tangtu bakal ngabalukarkeun beja nu matak ngageunjleungkeun. Gingin narah jati dirina dipikanyaho ku urang dinya.

Sabot dina parahu taya nu nyarita saurang oge. Komo  Atus mah nu masih panasaraneun ka lalaki tadi. Loba nu tacan kajawab sarta poho teu ditanyakeun: ka mana baturna nu opatan? Ku naon tepi ka papisah, meuntasna henteu bareng? Saha nu ngabelesurkeun pangpung? Naha rek nyilakaeun dirina atawa rek nyilakeun lalaki tadi?

Tapi mun rek nyilakakeun dirina jeung lalaki tadi, naha manehna ngadon seuri sarta  gancang amitan. Rek ka mana? Atawa memang pangpung teh sakumaha ceuk Gingin tanda atawa kode. Tapi tanda naon? Mun tea mah pangpung kiriman ti musuh, tangtu lalaki tadi moal tepi ka seuri, tapi bakal langsung ngudag ka lebah holna pangpung *** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler