Putri Anjungsari (46), Sabada Tilu Lalaki Indit Rurusuhan, ka Warung Asup Dua Urang, nu Saurang Diteregos

5 Maret 2023, 05:30 WIB
Prabu Siliwangi (foto @ainusantara) /Nanang S/Galura

 

TUKANG warung noel pamajikanana, bari ngarindat ka Atus nu keur meuleum lauk. Pamajikan tukang warung ngabelenyeh seuri. Ti lebah diukna, dina bangku sajajar jeung panto tukang, katempoeun curuk kenca Atus ngoer-ngoer ruhak tapas nu burahay beureum. Mulak-malik laukna make ramo, ramo leungeun katuhu.

“Ehem…,” tukang warung ngadehem.

Atus ngalieuk, curukna kencana angger ngoeran ruhak. Aki Jaya oge nu tadina manco ka peuntaseun darmaga Cimanuk milu ngalieuk ka tukang warung. Ret ka Atus, Aki Jaya keom, rek ngageunggeureuhkeun, tukang warung jeung pamajikanana geus nyarahoeun. Na, ari nyaneh, Atus, ceuk Aki Jaya dina hatena. Asmita garo-garo teu ateul.

“Tiis, nya, ruhak di dieu mah?” ceuk tukang warung ka Atus.

Atus ngagebeg, karek engeuh.

“Hampura, poho, sugan teh di imah,” pokna.

“Nya, keun wae euweuh batur ieuh,” ceuk tukang warung.

Baca Juga: Raja Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih, ka Kuningan, Ngumaha Pedah Urang Cirebon Mamaksa Dirina Pindah Ageman

Ngadenge omongan tukang warung kitu Gingin ngahuleng. Euweuh batur? Ari kitu tukang warung jeung dirina jeung Aki Jaya jeung Atus katalian ku dulur? Gingin kerung. Teu lila biwirna embut, nyumputkeun seuri. Tukang warung kawasna bisaeun neguh jeung ngarasa sakocoran, nu matak teu nganggap batur, ceuk Gingin dina hatena.

Saha kira-kira tukang warung teh? Naha bener asli tukang warung? Atawa keur nyamur? Najan karek panggih, najan tacan wanoh, najan tacan nyaho saha-sahana, Gingin reugreug. Ngarasa aya balad, aya nu satujuan. Paingan kokolot nu ngalumpuhkeun nu nanyakeun Gunung Sepuh, tiluan, tadi di sisi Cimanuk, nitah sangkan reureuh di warung ieu.

Gingin cengkat rek mantuan Atus nyaitan lauk. Karek oge ngalengkahan bangku, kadenge sora talapok kuda, ti lebah darmaga, ngadeukeutan. Gingin curinghak. Kitu deui Aki Jaya, Asmita, Atus jeung tukang warung katut pamajikanana. Tukang warung lalaunan nyiku pamajikanana. Pamajikan tukang warung nangtung, terus kaluar make panto tukang.

Baca Juga: Di Desa Nunuk Baru Rea Patilasan, Di antarana Makam Arya Saringsingan, Senapati Karajaan Talaga Manggung

Sora talapok kuda beuki atra, kadengena mah leuwih ti hiji kudana teh. Meh bareng kabeh malencrong kana datangna sora talapok kuda. Katempo kuda, dua, patutur-tutur. Nu tumpakna nu saurang diteregos buni pisan, sirahna oge kabulen, ukur panonna nu henteu ditutupan teh. Tumpak kudana panghareupna.

Anu saurang deui, lalaki, make totopong warna biru kolot nu geus rada belel, aya hiasan gambar tatangkalan. Duanana make baju sarwa hideung. Waktu ngaliwat ka lebah warung, ngarandeg. Nu diteregos nitenan kaayaan warung. Jrut turun, nu make totopong oge turun, nyokot tali eles kuda nu ditumpakan ku nu diteregos.

Kudana, duanana, dibawa ka tukangeun warung, rada jauh, dicangcang di sisi kebon,  moal katempo ti darmaga mah lantaran kahalangan ku rungkun saliara. Nu diteregos asup ka warung, gek diuk teu jauh ti Aki Jaya. Teu lila nu make totopong oge asup, sarta diuk, di antara Aki Jaya jeung nu diteregos.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Tukang warung nyodorkeun cangkir, dua. Ku nu ditotopong, cangkir, duanana dieusian ku cai tina kendi. Diicip-icip heula, bangun nu dirarasakan, geus kitu leguk diinum. Sanggeus baturna nginum, anu diteregos oge nginum, teu diicip-icip heula. Aki Jaya, Gingin jeung Atus taki-taki ngan teu nyirikeun.

“Beuleum lauk teh jualeun? “ ceuk nu ditotopong bari neuteup Atus nu keur nguniang cengkat.

“Lain, ngan ari hayang mah pek wae,” walong Atus.

“Lauk naeun? Leat?” ceuk nu ditotopong deui.

Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

Aki Jaya jeung tukang warung rada ngarenjag semah anyar datang nyebut leat teh. Urang karaton Pakuan Pajajaran kitu? ceuk Aki Jaya dina hatena. Tukang warung jeung Aki Jaya sakedapan papelong-pelong. Ari Gingin, Asmita jeung Atus mah paromana biasa wae.  Anu diteregos panonna rut-ret ka Aki Jaya jeung ka tukang warung.

“Leat? Teu apal, karek ngadenge,” tembal Atus.

“Ari ieu lauk naeun?” ceuk Asmita mairan, ditujukeun ka tukang warung.

“Lalawak, lauk Cimanuk,” tembal tukang warung.

“Di Kawali mah euweuh,” ceuk Atus.

Semah anyar datang curinghak barang ngadenge Atus nyebut Kawali teh.

“Dia ti Kawali?” ceuk nu ditotopong.

“Enya. Kungsi ka ditu?” walon Atus.

Baca Juga: Demi Rayat, Bupati Galuh Dalem Gurinda Ngalawan Kolonial Belanda, Narah Mayar Upeti ka Residen Cirebon

“Tacan kungsi, ngan mindeng mireng mah,” ceuk nu ditotopong. Panonna ngareret ka Aki Jaya. Sakedapan duana paadu teuteup.

Aki Jaya nangtung.

“Kami amit,” pokna.

“Arek ka mana?”

“Ka Rajamandala.”

“Tiiseun keneh Rajamandalana oge.”

Aki Jaya ngahuleng sakeudeung.

“Nya, meungpeung tiiseun,” pokna.

“Sorangan?”

“Ieu jeung barudak,” tembal Aki Jaya bari ngareret ka Asmita, Atus jeung ka Gingin.

“Ari ieu beuleum lauk kumaha?”

“Pek wae dalahar,” tembal Aki Jaya.

“Mun rek ka Rajamandala kudu buru-buru bisi loba batur manten. Moal jongjon menekungna,” ceuk nu ditotopong.***Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler