Putri Anjungsari (44), Tukang Warung Lain Somahan, Tapi Menak nu Nyamur. Saha jeung Naon Maksudna?

3 Maret 2023, 05:30 WIB
Karaton di Pakuan Pajajaran hasil tina Artificial Intelligense atawa kecerdasan buatan (Foto tina instagram ainusantara) /Nanang S/Galura

 

KASAMPAK tukang warung, lalaki umurna sapantar jeung Asmita, keur ngasur-ngasurkeun seuneu, nukangan meja idangan nu diijieun tina kai. Luhureun hawu nagen delok paranti naheur cai, ngan caina tacan ngagolak ari saabna mah geus ngelun. Ngarasa aya nu asup ka warungna, tukang warung ngalieuk, terus nangtung, ngabageakeun.

 “Sampurasun,” ceuk Aki Jaya.

“Rampes,” tembal tukang warung.

Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin diariuk dina bangku panjang, nyanghareupan meja. Bangkuna dijieun tina awi, geus herang, cirining loba nu dariuk di dinya jeung mindeng dielapan. Mejana oge sarua dijieun tina awi. Warung teh teu sabaraha gedena, ngan katempona asak piara jeung parabot dapur, paranti dahar, paragi nginum puguh nempatkeunana.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

“Geus aya ruhayan hawu teh?” ceuk Atus.

“Tara pareum ruhayna mah, ngarah babari ngahurungkeun seuneu. Deuk meuleum naeun kitu?” tembal tukang warung bari nyokot cangkir  batok kalapa.

“Tadi keur mandi di walungan, pangangguran ngobeng. Kabeneran meunang,” ceuk Atus deui bari nembongkeun tiiran lauk.

“Deuk meuleum lauk?” ceuk tukang warung surti. “Keun, dipangmeuleumkeun.”

Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

Atus ngasongkeun tiiran lauk ka tukang warung.

“Can dibedelan, ning,” ceuk tukang warung bari nampanan tiiran lauk.

“Teu kaburu,” tembal Atus.

“Ke nitah jikan ngumbahna. Can datang, keur gegeroh,” ceuk tukang warung bari nyokot ayakan nu digantungkeun dina palang dada tukangeun hawu. Ayakanana digolerkeun gigireun hawu, luhureun batu demprak leutik, dipake ngawadahan tiiran lauk. Geus kitu, ngasong-ngasongkeun cangkir.

Baca Juga: Sistematika Naskah Pangeran Wangsakerta teu Beda jeung Karya Tulis Ilmiah Jaman Ayeu

Gingin ngarongkong kendi badag nu caina ngebul keneh. Dicicikeun kana kana cangkir nu ngajajar hareupeunana. 

“Keur haneut meumeujeuhna,” ceuk tukang warung.

Gingin ukur seuri. Aki Jaya, Atus, Asmita nyarokot cangkir nu geus dieusian cai tina kendi ku Gingin. Suruput diarinum lalaunan. Karasa tikoro jeung beuteungna haneut. Rurat-reret neangan lalawuh. Tukang warung hideng mangmukaankeun tetenong. Unggal tetenong, eusina beda. Ngan aya hiji deui nu teu dibukakeun teh.

“Ari itu eusina naon?” ceuk Asmita bari nunjuk tetenong nu henteu dipangmukakeun ku tukang warung.

“Kosong,” tembal tukang warung bari seuri. Turub tetenongna dibukakeun, enya wae kosong.

Baca Juga: Carita Purwaka Caruban Nagari Karya Pangeran Arya Carbon, Nganteur Drs Aca ka Pangeran Wangsakerta

Asmita garo-garo teu ateul. Atus jeung Gingin nyerengeh. Aki Jaya mah tibang embut biwirna. Keur kitu ti panto tukang nguruyung awewe bari ngelek ayakan nu eusina cangkir jeung piring nu dijieun tina taneuh, disamping hideung, kaluhurna ukur dibeulitan kaen nu sarua warnana hideung.

Aki Jaya mencrong pamajikan tukang warung. Kitu deui Atus, Asmita jeung Gingin. Siga menak, gerentas Aki Jaya, beda ulatna, jeung pakulitanana siga nu arang kapoe. Pamajikan tukang warung rampang-reumpeung dipencrong ku opatan teh. Ayakanana ditunda di handap, hareupeun paranti nunda piring nu pernahna gigireun panto tukang.

“Wayahna balik deui, pangumbahkeun lauk,” ceuk tukang warung ka pamajikanana.

“Lauk ti mana?” tembal pamajikan bari neundeun cangkir jeung piring, hiji-hiji.

“Meunang ngobeng semah,” tembal tukang warung.

“Di mana ngumbahna?” Aki Jaya mairan.

Baca Juga: Di Museum Negeri Sri Baduga Naskah Pangeran Wangsakerta Aya Opat Seri Sejarah

“Di cinyusu sisi walungan,” tembal tukang warung.

“Ku barudak wae,” ceuk Aki Jaya. “Hinisna aya?”

“Keun wae ku jikan kami,” ceuk tukang warung.

Aki Jaya ngareret ka Atus jeung ka Gingin.

“Jung ka dituh, duaan, kumbah lauk,” pokna.

“Padahal mah ku jikan kami wae, da deukeut. Laukna oge teu loba,” ceuk tukang warung.

“Sakalian bari ulin,” tembal Atus bari seuri. “Cik kadieukeun ayakanana, hinisna deuih.”

Tukang warung nyabut hinis dua nu diselapkeun dina palang dana. Geus kitu nyokot ayakan nu eusina tiiran lauk. Hinisna ditunda luhureun lauk. Song dibikeun ka Atus.

“Di mana cinyusuna?” ceuk Atus bari nampanan ayakan.

“Beulah girang. Tuturkeun wae jalan nu dietap,” tembal tukang warung.

Atus jeung Gingin kaluar.

Baca Juga: Carita Purwaka Caruban Nagari Karya Pangeran Arya Carbon, Nganteur Drs Aca ka Pangeran Wangsakerta

“Ki Silah, asa kakara ka dieu, ti mana jeung rek ka mana,” ceuk tukang warung bari diuk nyanghareupan Aki Jaya. Ari pamajikanana ngasupkeun tapas kana hawu keur engke meuleum lauk, ngarah Atus jeung Gin-Gin datang, tapasna geus ruhay.

“Kami ti Kawali rek ka Rajamandala,” tembal Aki Jaya bari ngarongkong seupan ganyol.

“Jauh geuning. Aya nu diseja?”

Rek saengab-engabeun Aki Jaya nembal, lalaki, tiluan, sapantar jeung Atus, asup ka warung. Gek dariuk, teu jauh ti Aki Jaya.  Bari ngadahar seupan ganyong, Aki Jaya maling-maling nitenan nu anyar datang.

Tukang warung nyokot cangkir, tilu, sok diasongkeun ka hareupeun eta tilu lalaki nu keur ngilikan eusi tetenong. Nu saurang nyokot buah samolo, ditunda hareupeunana, terus nyokot peso nu geus aya dina tetenong. Samolona dipesek.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler