Sherly Kusuma, Bojo Ketua DPD PAN Majalengka, Daftar Jadi Cawabup Majalengka

- 25 April 2024, 19:06 WIB
DPD PAN Majalengka ngarojong Sherly Kusuma, bojona Ketua DPD PAN Majalengka, jadi cawabup Majalengka.
DPD PAN Majalengka ngarojong Sherly Kusuma, bojona Ketua DPD PAN Majalengka, jadi cawabup Majalengka. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - Kaputusan DPD PAN Majalengka ngarojong Sherly Kusuma, bojona Ketua DPD PAN Majalengka, jadi cawabup Majalengka anu jadi alesanana teh pentingna partisipasi kaum wanoja dina pulitik.

Tahapan pilkada serentak  2024 di Kabupaten Majalengka karek prung. Sajumlah figur anu didago-dago bakal tandang makalangan dina bursa pencalonan, boh keur bakal calon bupati boh keur bakal calon wakil bupati.

Hj. Sherly Kusuma kader panghadena anu dipibanda ku Partai Amanat Nasional (PAN) Majalengka anu ngawakilan kaum perempuan sacara resmi ngadaftarkeun diri ka DPD PAN Majalengka.

Alpukahna Zulkifli Hasan, Sherly Kusuma ngadaftarkan diri jadi bakal calon wakil bupati di Majalengka.

Kaputusan DPD PAN Majalengka keur ngarojong Sherly Kusuma jadi cawabup dumasar Kana tinimbangan lantaran pentingna partisipasi kaum wanoja dina pulitik. Leuwih ti 60% nu boga hak pilih di Kabupaten Majalengka kaum wanoja.

Sherly Kusuma, kandidat anu dirojong, netelakeun, samemeha DPD PAN geus nyiapkeun tilu kandidat ti sababaraha unsur. 

Rèngsè konsultasi jeung Dewan Pimpinan Wilayah (DPW), ahirna DPD ngarojong ka kader wanoja. Ieu  teh wujud kasadaran pentingna ngaakomodir aspirasi ti sababaraha segmen masarakat, husuna kaum kaum wanoja.

Sherly Kusuma sorangan geus sacara resmi ngadaftarkeun diri  24 April 2024 keur Pemilihan Kepala Daerah (Pilkada) Majalengka periode 2024-2029.

Dina obrolan dina WhatsApp, Sherly Kusuma netelakeun komitmenna keur ngawujudkeun parobahan positif di Majalengka. Tangtuna kalayan fokus kana ngaberdayakeun kaum wanoja  jeung pangwangunan anu inklusif keur sakumna lapisan masarakat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x