Didagoan Nu Rék Meuntas, Jalan Cipasung-Subang di Kuningan Normal Deui

- 18 April 2024, 19:39 WIB
Anu rék meuntas lokasi  urug Jalan Cipasung-Subang di wewengkon Kuningan
Anu rék meuntas lokasi urug Jalan Cipasung-Subang di wewengkon Kuningan /BPBD KUNINGAN/

GALURA-Sababaraha titik urug Jalan Cipasung-Subang di wewengkon Kabupatén Kuningan, kiwari geus bisa dipaké lalar liwat kandaraan boh sapédah motor boh mobil.

Sanajan kitu, anu meuntas urut urug téh kudu iatna, utamana dina mangsa hujan. Kituna téh bisi aya urug susulan jeung kaayan jalan leueur.

Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun dina Poé Kemis, (18/4/2024),  urut urug di Blok Gasé Désa Padahurip, Kecamatan Selajambé disemprot.


Di éta lokasi urut urug, kiwari geus bisa dipaké lalar liwat kandaraan, geus normal deui. BPBD Kuningan ngayakeun koordinasi reujeung pihak instansi raket patalina reujeung urusan ngabebenah jalan.


“Nembé réngsé dinten kamari ngagunakeun beko, dinten ieu tahap penyemprotan. Tapi jalan Cipasung-Subang tos normal deui,” ceuk Indra Bayu.


Anu dicaritakeun ku Indra Bayu, luyu sakumaha anu ditétélakeun ku Kepala Bidang Bina Marga Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang (DPUTR) Kabupaten Kuningan, Teddy Sukmajayadi.


Saméméhna, Téddy nyebutkeun dumasar hasil koordinasi di lapangan reujeung BPBD, Muspika dina meresihan taneuh urug anu nutup jalan Cipasung-Subang dirarancang bisa réngse dina Poé Selasa, (16/4/2024).


Ceuk Teddy, mémang lamun taya halangan harungan itu reujeung mah bisa gancang réngséna. Ngan nya kitu, dina kondisi hujan operator anu meresihan jalan ngagunakeun béko teu bisa lalauasa.


Sok komo deui, ceuk Teddy,sajeroning operator beko keur ngerukan taneuh anu ngahunyup nutup jajalaneun, di lokasi urug sakapeung mah sok kaselang ku warga ngadsgoan rék meuntas.


“Sacara téknis taya bangbaluh, tapi sakapeung sok aya diantarana warga nu ngantosan, dina mangsa operator nuju meresihan jalan,” ceuk Teddy.***
.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x