Kuningan Hayang Miboga Ciri, Kasenian Angklung Dihudangkeun Deui

- 10 Maret 2024, 14:20 WIB
Penjabat Bupati Kuningan, Dr. Drs. R. Iiip Hidajat (Dua kenca) nabeuh angklung
Penjabat Bupati Kuningan, Dr. Drs. R. Iiip Hidajat (Dua kenca) nabeuh angklung /Galura/Ajun Mahrudin/

GALURA-Dinas Pendidikan dan Kebudayaan (Disdikbud) Kabupatén Kuningan, ngayakeun Fokus Grup Diskusi (FGD) di Saung Ma Ni’oh, Jalan Ir. Soekarno sabudeureun Kelurahan Cipari, Kecamatan Cigugur, Saptu, (9/3/2024).


Éta acara téh diluuhan ku anu ngawakikan ti sababarana unsur dinas instansi pamaréntah,akademisi, TNI, Polri, BUMD, Dinas kebudayaan, pelajar, guru, jeung unsur sejénna deui.


Anu ngawakilan ti unsur-unsur kasebut néken fakta integritas, minangka pangdeudeul dina karep ngawujudkeun Kabupatén Kuningan minangka kabupatén angklung.

Anu jadi udagan ngahudangkeun sumanget pikeun ngawujudkeun Kabupatén Kuningan minangka kabupatén Angklung. Kabupatén Kuningan miboga sajarah ngeunaan angklung diatonis.

Kepala Disdikbud Kabupatén Kuningan, U. Kusmana, S. Sos, M.Si., miharep ku cara ngayakeun FGD téh miboga cecekelan pikeun ngagambarkeun sajarah angklung diatonis jeung pangrajin angklung di Kabupatén Kuningan.


Sajaba ti éta, ceuk U. Kusmana, diharepkeun miboga konsép dina tarékah ngalestarikeun angklung, anu dipitembeyan ku cara ngarumuskeun pasualan anu aya patalina reujeung kaayaan angklung kiwari di ieu daérah.

“Ieu téh aya patalina sareng maluruh jeung nyusun cara pikeun ngaréngsékeun pasualan anu raket patalina sareng  kasenian angklung, nyusud heula ka puhuna,” ceuk U.Kusmana.


Satuluyna, ceuk U. Kusmana, ngararancang kagiatan program jeung kagiatan anu ngarojong nanjeurna kasenian angklung di Kabupatén Kuningan.

Sajaba ti eta oge méré konsép program anu praktis jeung nyata anu bisa ngawedelan Kabupaten Kuningan minangka kabupaten angklung.


Sajeroning kitu, Penjabat Bupati Kuningan, Dr. Drs. R. Iip Hidajat, nyebutkeun nyaritakun kabupaten Kuningan minanngka kabupaten angklung, aya tanggungjawab anu gede pikeun rukun gawe.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x