Wujud Apresiasi ka Wartawan, PWI Kabupaten Bandung Nutup Runtuyun HPN 2024 Ngagelar Nguseup Bersama

- 9 Maret 2024, 14:32 WIB
Ketua Panitia Pelaksana kagiatan HPN nutup runtuyan acara kagiatan HPN 2024 ku Nguseup Bersama, wujud apresiasi ka wartawan
Ketua Panitia Pelaksana kagiatan HPN nutup runtuyan acara kagiatan HPN 2024 ku Nguseup Bersama, wujud apresiasi ka wartawan /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Bandung nutup runtuyan Hari Pers Nasional (HPN) 2024 ku kagiatan Nguseup Bareng PWI di Kolam Pancing Vila Bandung Indah Desa Cileunyi Kulon, Kecamatan Cileunyi, Kabupaten Bandung, Saptu, 9 Maret 2024.

Nguseup PWI Kabupaten Bandung diiluan ku puluhan jurnalis ti rupa-rupa media di Kabupaten Bandung, tur wawakil ti Pamarèntah Kabupaten Bandung jeung Forkopimda.

Ketua PWI Kabupaten Bandung, Enung D. Susana, nganuhunkeun ka sakum pihak nu geus ngadukung  runtuyan kagiatan HPN 2024 di Kabupaten Bandung.

Baca Juga: HPN 2024, PWI Kabupaten Bandung Nyalurkeun 1000 Paket Beas jeung Minyak Goreng ti Bupati Bandung

“Alhamdulillah, runtuyan kagiatan HPN 2024 di Kabupaten Bandung tiasa lumangsung lancar. Hatur nuhun ka sakum pihak nu tos ngarojong, utamina ka Pamarèntah Kabupaten Bandung sareng Forkopimda,” ceuk Enung.

Kagiatan HPN 2024, ceuk Enung, memang kawilang basajan batan taun-taun samèmèhna. Ieu dilantarankeun instruksi ti PWI Pusat sangkan acara HPN basajan tur ngirit anggaran.

“Sanaos basajan, namung teu ngirangan ma'na sareng esensi tina HPN 2024. Justru ku kabasajanan ieu urang tiasa langkung fokus kana ma'na sareng tujuan utama tina HPN: mageuhkeun silaturahmi antawis jurnalis sareng ngaronjatkeun profesionalisme jurnalistik,” ceuk Enung.

Ketua Pelaksana HPN 2024, H. Ayi Purnama, nètèlakeun, Mancing Bersama  wujud apresiasi PWI Kabupaten Bandung ka para jurnalis ku dedikasi jeung gawè suhudna dina nepikeun informasi ka masarakat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x