Operasi Lodaya 2024, Ti Mimiti Sosialisasi Nepika Penegakan Hukum

- 2 Maret 2024, 16:46 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, nerapkeun pita Operasi Lodaya, Saptu, 2 Februari 2024.*
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, nerapkeun pita Operasi Lodaya, Saptu, 2 Februari 2024.* /Galura/Ajun Mahrudin/

GALURA-Réngréngan kapulisian Polrés Kuningan baris ngalakonan Operasi Keselamatan Lodaya 2024 dan Aksi Keselamatan Jalan, anu baris lumangsung salila 14 poe kahareup.

Sajaba ngalibetkeun 208 personil kapulisian, Polres Kuningan ogé rukun gawé reujeung instansi séjén, di antarana wae Dishub jeung Satpol PP.


Kapolres Kuningan, Ajun Komisari Besar Polisi (AKBP) Willy Andrian, miharep partisipasi masyarakat Kuningan dina ngarojong operasi kasebut.


Ceuk Willy, Operasi Keselamatan Lodaya dan Aksi Keselamatan Jalan pikeun nyinglar lkacilakan lalaulintas., nurunkeun angka tingkat kacilakan di jalan raya.


Patali éta hal Polrés Kuningan rukun gawé reujeung instansi kawas Dishub, Satpol PP, TNI Polisi Militer baris ngalakonan cara-cara anu biasa dilakokan dina operasi kasebut.

"Ti mimiti sosialisasi nepika penindakan hukum," ceuk Willy, sabada ngalakonan Apel Gelar Pasukan Operasi Lodaya 2024 dan Pencanangan Aksi Keselamatan Jalan, di pakarangan Mapolres Kuningan, Saptu, 2 Maret 2024. .


Sajaba nerapkeun konsep teguran jeung nerapkeun penegakan hukum maké tilang éléktronik, pihakna ogé baris ngalakonan sosialisasi pikeun masarakat hususna di lingkungan instansi jeung sakola.


“Sajaba éta , mariksa rambu-rambu jalan, penerangan jalan, marka jalan sareng hal sanésna anu aya patalina sareng tarékah nyiptakeun kasalametan lalulintas.,” ceuk Willy.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x