Cai Cibangir Tambah Ngamalir, Iip Hidajat : PAM Tirta Kamuning Bisa Diandelkeun

- 21 Februari 2024, 19:53 WIB
Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat, neken prasasti, ciri dipitembeyan nganangfaatkeun cai Cibangir.
Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat, neken prasasti, ciri dipitembeyan nganangfaatkeun cai Cibangir. /Pémkab Kuningan/

GALURA-Perusahaan Air Minum (PAM) Tirta Kamuning (Perumda) Kabupatén Kuningan, nambahan cai pikeun kabutuh palanggan di wilayah layanan Kramatmulya.

Salila ieu, palanggan di wilayah Kramatmulya réa anu rumahuh, ku sabab cai mindeng henteu ngocor, da puguh kudu giliran.

Nya, PAM Tirta Kuningan narékahan ku cara nambahan debit cai, ngamangfaatkeun sumber cai Cibangir, di lelewek Kelurahan Cipari, Kecamatan Cigugur.

Baca Juga: Debit Cai Nyirorot, PAM Tirta Kamuning Ngalumakukeun Sistem Gilir

Direktur PAM Tirta Kamuning, Ukas Suharfaputra, nyebutkeun saméméhna debit cai Cibangir  anu dikokolakeun pikeun nyumponan palanggan  téh 20 léter per detik.

Kiwari nambahan deui 20 léter, hartina jadi 40 léter. Patali reujeung nambah debit cai ti Cibangir, kabutuh palanggan bisa kacumponan.

Pikeun ngarojong dina ngamalirkeun cai ti sumber cai Cibangir, PAM Tirta Kamuning ngabangun bak tempat nampung cai anu disebut  bront captering.

Sanggeus réngsé dibangun, éta tempat nampung cai téh diresmikeun ku Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat, Rebo, (21/2/2024).

Iip meredih sangkan réngréngan PAM Tirta Kamuning méré pangladén anu hadé ka sakumna palanggan.

Lamun téa mah aya palanggan anu ngarasa teu sugema kana pangladén, gancang cumponan luyu reujeung kamampuh.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x