Kulawarga Yayan Nampa Santunan Ti Pemkab Kuningan, Aya 32 Patugas KPPS Nu Gering

- 19 Februari 2024, 19:28 WIB
Penjabat Bupati Kuningan, masrahkeun santunan ka kulawarga Yayan, patugas KPPS nu tilar dunya.*
Penjabat Bupati Kuningan, masrahkeun santunan ka kulawarga Yayan, patugas KPPS nu tilar dunya.* /

GALURA-Kulawarga Yayan (48), patugas KPPS di Kabupaten Kuningan anu tilar dunya, nampa santunan ti Pémkab Kuningan. Santunan duit Rp 42 juta sacara simbolis dipasrahkeun ku Penjabat Bupati Kuningan Iip Hidajat, Senén, 19 Fébruari 2024.


Sakumaha geus dibéjakeun saméméhna, Yayan Tilar duna dina Poé Jumaah, 16 Februari 2024. Ceuk taksiran, saréatna inyana tilar dunya alatan kacapéan sanggeus ngalakonan pancén minangka patugas KPPS.

Ceuk Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat, éta santunan téh dipasrahkeun ka pihak kulawarga, minangka kapadulian pamaréntah daérah pikeun kulawarga anu ditinggalkeun. Diharepkeun bisa mangfaat keur kabutuh mulasara Yayan, anu geus taya dikieuna. .

Saméméhna,Pemkab Kuningan meungkeut rukun gawé reujeung BPJS Ketenagakerjaan. Tujuanna mah, inggis ku bisi rémpan ku sugan aya kajadian anu henteu dipiharep. Bisi aya patugas pemilu anu tilar dunya jeung geringdina ngalaksanakeun pancén boh di luar pancén.

Di Kabupaten Kuningan, ceuk Iip, satuluyna, aya 39 rébu petugas penyeleggara pemilu, kaasup KPPS anu kacatet dina daftar jaminan BPJS ketenagakerjaan. Tina jumlah sakitu, diantarana aya anu tilar dunya, Nyatana Yayan, patugas KPPS di Kelurahan Cijoho téa.


Sajaba aya ptugas KPPS anu tilar dunya, dumasar data aya 32 urang petugas KPPS anu gering, Lamun geringna dumasar kana katagori pancén KPPS, tangtu éta ogé baris nampa jaminan ketenagakerjaan.

“Sajaba masrahkeun santunan, dina dinten katilu maotna pa Yayan ieu, sim kuring pamaréntah daérah masrahkeun akta kematian,” ceuk Iip.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x