Anu pasti, Haji Nena taya reureuhna ngajurung para guru neruskeun studina, keur mapakan pameredih jaman jeung keur nyumponan tungtutan profésina. “Jadi guru kudu tangguh jeung profésional, tahan banting, kuat méntal, beunghar ku ide jeung inovatif, kréatif mandiri,” pokna.*** Cécép Ks.