H. Wisma Lesmana Indra Sadewa Nataharkeun Program Unggulan jeung Kelas Smater

- 12 Februari 2024, 11:20 WIB
 Drs. H. Wisma Lesmana Indra Sadewa, M.MPd., M.Si., SH., Ph.D.
Drs. H. Wisma Lesmana Indra Sadewa, M.MPd., M.Si., SH., Ph.D. /Cecep KS/galura.co.id

Ngan, ku ieu nonoman Majalengka nu gumelar 04 Oktober 1964, mapakan digitalisasi pendidikan pembelajaran di sakola, sakumna guru kudu ngawasa TIK keur ngaronjatkeun kompetensina. “Apan program digitalisasi pendidikan, guru pisan nu nangtukeun hasil jeung henteuna, program pendidikan nu diunggulkeun.”

Dijungjung jadi Pupuhu di ieu sakola, kalawan mupujuhkeun konsep pembelajaran ku cara digitalilasi, témbong hasilna, tatalépa pabéja-béja tepi ka émpér-émpér. Warga masarakat di sabudeureun sakola ngarasa reueus, ngabagéakeun nguniangna deui kualitas pendidikan di ieu sakola nu leubeut ku prestasi seni jeung olahraga téh.

Teu ngabibisani, PPDB taun ajaran 2022-2023 nu kalarung, siswa anyar nu daftar di kelas X, ngahontal 12 kelaseun. Kumaha ketak PPDB keur taun ajaran 2024-2025?. Gepyak, carogé Dra. Yani Rahmawiani, M.Si. ngajawab, moal jauh sarua kawas taun kamari, diséngsarkeun keur 12 rohangan keur siswa anyar. Fasilitas Laboratorium MIPA jeung Komputer, Perpustakaan, sarana olahraga, masjid, kantin, jeung sarana séjén nu diperlukeun siswa jeung guru, diwedelan, dieuyeuban.

Atuh, kasangtukang hirupna nu sarwa prihatin mangsa keur budak di lemburna, mingkin ngandelan jiwa sosial Haji Nena nu ngahontal gelar Ph.D. ti hiji paguron luhur di Malaysia, ngalahirkeun program Kelas Smater atawa Kelas Jarak Jauh.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

Éta Kelas Smater diancokeun keur para santri nu keur tolabul ilmu di sawatara pasantrén. “Para santri gé boga hak nu sarua, pikeun diajar di sakola umum, potensina kudu mekar ulah kasengker ku sual biaya, ku sim kuring digratiskeun biaya pendidikanna,” pokna

Saban sakola nu kungsi dipingpin ku ieu anak kolong téh, sakumna kulawedetna teu weléh ngarasa kaleungitan. Ana ditanyakeun, konsep kapamingpinanana, inyana leuwih kana nyiptakeun manajemen kolaborasi antara warga sakola, ti mimiti pupuhu, guru, jeung karyawan tepi ka siswa, sarindek-saigel babarengan ngawangun kamajuan sakola, henteu aing-aingan.

Nyarita préstasi akademik jeung lulusan SMA Pasundan 3 Kota Bandung, loba nu geus maranggung di tingkat dayeuh tepi ka tingkat nasional. Atuh, saban taun lulusan téh aya nu ditarima di sawatara PTN, jalur Seleksi Nasional Berdasarkan Prestasi (SNBP), jalur Seleksi Nasional Berdasarkan Tes (SNBT), jeung jalur mandiri.

“Alhamdulillah, muji syukur ka Nu Ngersakeun, pendidikan di ieu sakola aya tapakna. Nu teu katarima di PTN, neruskeun ka PTS, di antarana di Universitas Pasundan, aya ogé nu terus hirup macakal jadi wiraswasta atawa digawé di pausahaan,” pokna.

Haji Nena kasinugrahan dua budak. “Nu saurang jadi dokter gigi, lulusan Unpad, ngaranna drg Ratih Sri Noviani. Nu saurang deui, insinyur, lulusan ITB, ngaranna Ir. M. Pringadi Lesmana Putra. Geus digarawe. Geus mere incu. Balik ti sakola tara ka mana-mana, ngurus incu bae,” pokna bungah.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x