Apel Siaga Mitra Babinsa, Nyiptakeun Kuningan Nu Ayem Tengtrem :

- 11 Februari 2024, 15:31 WIB
Apel Siaga Mitra Babinsa Kodim 0615 Kuningan, di Lapang Sepakbola Kelurahan Ciporang, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Kuningan, Ahad, 11 Februari 2024.
Apel Siaga Mitra Babinsa Kodim 0615 Kuningan, di Lapang Sepakbola Kelurahan Ciporang, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Kuningan, Ahad, 11 Februari 2024. /Ajun Mahrudin/

GALURA-Kodim 0615/Kuningan ngayakeun Apel Mitra Babinsa Kodim 0615 Kuningan, di Lapang Sepakbola Kelurahan Ciporang, Kecamatan Kuningan, Ahad, 11 Februari 2024.

Éta acara miboga udagan pkeun bekel para Mitra Babinsa dina enggoning ngalakonan pancénna.

Aya kurang leuwih 5000 urang Mitra Babinsa anu miluan dina eta Apel Mitra Babinsa téh. Maranéhna milua aub ngabantu Mitra Babinsa di saban désa, dina raraga mira jeung ngajaga kaamanan di saban désa.

Baca Juga: Rebuan Mitra Babinsa di Kuningan Siap Ngawal Pemilu 14 Februari 2024

Ceuk Bambang, aubna Mitra Babinsa téh lain semet dina Pemilu, tapi milu ngajaga kaamanan anu sifatna umum. Cindekna pikeun mangsa kahareupna, kaamanan kudu tetep dijaga jeung dipiara.


Mitra Babinsa, ceuk Bambang, miboga peran penting pikeun ngabantu babinsa dina ngajaga kamanan masarakat di desa. Kodim 0615/Kuningan miboga kawajiban pikeun ngabina dina nyiptakeun katengtreman masarakat.

Baca Juga: Dandim 0615 Kuningan Ngistrenan 5000 Mitra Babinsa


Saméméhna, Kodim 0615 Kuningan ngukuhkeun Mitra Babinsa. Maranéhna dilatih jeung dibina dina cara miara kaamanan masarakat di désa, kaasup ngajaga kaamanan di tempat pemungutan suara (TPS) pemilu.

Kodim 0615 Kuningan miboga kurang leuwih 5000 Mitra Babinsa, anu siap ngabantu ngajaga kaamanan dina lumangsungna pemungutan suara di 3.596 TPS sa-Kabupatén Kuningan.

“Sim kuring miharep Mitra Babinsa mampuh ngalakonan rukun gawé sareng babinsa, litu deu sareng pihak-pihak anu raket patalina sareng pemilu,” ceuk Bambang.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x