230 Pesilat PBSS Kuningan Miluan Ujian Kenaikan Tingkat

- 30 Januari 2024, 19:30 WIB
/Uji Kenaikan Tingkat PBSS Kuningan/Ajun Mahrudin

GALURA-Perguruan Barudak Silat Sekolah (PBSS) Kabupaten Kuningan, ngayakeun uji kenaikan tingkat (UKT), di Lapang SMA Jalaksana, lelewek Desa Padamenak, Kecamatan Jalaksana, Ahad, 30 Januari 2024.


Anu miluanna kawilang rea, ngahontal 230 urang pasilat pelajar ti sababaraha sakola. Rereana mah pelajar anu kakara asup sabuk taruna (bodas) jeung sabuk oranyeu . Peserta sabuk bodas jeung oranye masing-masing leuwih ti 80 urang.

Anu sejenna mah nyaeta pesilat pelajar tingkat ksatria jeung madya. Aya diantarana anu miluan ujian sabuk beureum, sabuk biru jeung sabuk hejo, anu baris nampa pancen satuan latihan (satlat).

Guru Besar PBSS Kabupaten Kuningan, yebutkeun, UKT teh agenda maneuh anu dilakonan 6 bulan sakali. Eta ngalibetkeun sakumna anggota saban satlat. Pasilat anu naek tingkat sabuk bodas ka oranyeu 1, oranyeu 2 jeung oranyeu 3, beureum, biru jeung hejo.

Dina UKT taun 2024, nincak taun ka-lima sabada ngadegna PBSS. Salila lima taun PBSS Kuningan geus ngalahirkeun calon-calon palatih nu dibere tanggung jawab nyepeng satuan latihan.


“Alhamdulillah dina ujian taun ieu, jumlahna ngahontal ratusan. Margi anu daftar anggota enggal seueur,” ceuk Iyan
.

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x