Hawa Karasa Teu Ngeunah, Urang Desa Randusari Kuningan Marudah

- 29 Januari 2024, 19:27 WIB
Bendungan Kuningan, di sabudeureun Desa Randusari, Kecamatan Cibeureum, Kabupaten Kuningan, basa tacan kakeueum ku cai.*
Bendungan Kuningan, di sabudeureun Desa Randusari, Kecamatan Cibeureum, Kabupaten Kuningan, basa tacan kakeueum ku cai.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Urang Dusun Wanaasih Desa Randusari, Kecamatan Cibeureum, ngarasakeun hawa anu matak teu ngeunah. Hawa anu teu ngeunah teh, jolna ti lebah sungapan atawa pintu air Bendungan Kuningan anu henteu jauh ti eta pilemburan.


Ceuk Kepala Desa Randusari, Tata, aya kurang leuwih 150 umpi (kepala keluarga) warga Dusun Wanaasih, anu ngarasa kaganggu alatan hawa di sabudeureun pilemburan ngadadak henteu ngeunah.


Maranehna ngangluh, alatan ti sabudeureun bendungan bau matak henteu ngeunah. Aya di antarana anu ngarasa sesek, murel padaharan jeung anu lieur deuih.

Ku sabab kitu, warga katut pamarentah Desa Randusari ngumaha ka pamarentah pikeun ngungkulan anu kiwari kalakonan ku masarakat di eta pilemburan.

Kepala Desa Randusari, Tata, nyebutkeun dumasar beja anu katampa ti sababaraha warga, geus ditepikeun ka pihak pamarentah daerah. Dipiharep aya lajuninglaku dina ngungkulan pasualan anu keur disanghareupan.

“Kapalay warga mah, nya leupas tina bangbaluh anu nuju dipayunan. Dalah kedah incah atanapi ngalih lembur henteu janten pasualan, anu utamana mah salamet,” ceuk Tata.

Sekretaris Daerah (Sekda) Kabupaten Kuningan, Dian Rachmat Yanuar, ngaku geus mikanyaho kana pasualan anu kiwari keur disanghareupan ku warga di Desa Randusari. Samalah, ceuk Dian, pihakna ngadongdon warga pikeun mastikeun sual bangbaluh warga tea.

Patali eta hal, ceuk Dian, pihakna oge geus ngayakeun gempungan reujeung Kepala Desa Randusari, Camat Cibeureum, BBWS Cimanuk Cisanggarung jeung sababaraha pajabat instansi pamarentah pikeun madungdengkeun naon rupa anu kudu dilakonan.

“Tarekah anu tos dilakonan, ngayakeun rapid tes cai bendungan uji laboratorium ku Labkesda. Sajaba eta pamariosan kasehatan warga. Pamarentah daerah miharep BBWS ngabantos dina ngungkulan ieu pasualan,” ceuk Dian.

Sajeroning kitu, Kepala Balai Besar Wilayah Sungai (BBWS) Cimanuk Cisanggarung, Dwi Agus Kuncoro, nyebutkeun dina waktu anu moal lila pihakna baris ngayakeun tarekah ngurangan hawa bau di sabudeureun Bendungan Kuningan.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x