GALURA.- S alias M (25), urang wewengkon Kecamatan Cimahi, Kabupaten Kuningan, dicangkalak pulisi. Anu jadii marga lantaran, manehna kabaud sual peredaran narkoba jenis obat keras/bebas terbatas.
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian,nyebutkeun S teh digawe di salasahiji pausahaan daerah Karawaci Tangerang. Balik ka lemburna mawa narkoba, rek dijual di daerah Kuningan.
Ceuk Willy, S kacerek di hareupeun imahna, dina tanggal 8 Januari 2024. Pulisi manggihan barang bukti mangrupa tas salempang warna hideung anu keur dipake ku manehna.
Dina eta tas hideung, ceuk Willy, pulisi manggihan 6 siki jenis Tramadol, 142 obat jenis Trihexyphenidly, 370 obat jenis Hexymer dina jero kantong keresek hideung. Sajaba ti eta manggih barang bukti mangrupa duit Rp580 rebu.
"Tersangka keuna keuna ku pasal 435 jeung/pasal 436 Ayat (1) jeung (2) UU RI Nomer 17 Taun 2023 ngeunaan kasehatan, ancaman hukuman maksimal 12 taun," ceuk Willy.***