Komandan Lanud Sulaiman Bandung, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi: Jabatan téh Amanah, Ulah Ngarugikeun Batur

- 27 September 2023, 08:39 WIB
Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, Komandan Lanud Sulaiman Bandung.*
Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, Komandan Lanud Sulaiman Bandung.* /Dok. Pribadi/Glr/

GALURA.CO.ID. – Pikeun Komandan Lanud (Danlanud) Sulaiman Bandung, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, S.Sos., M.Soc.Sc, jabatan téh minangka amanah nu kudu dilaksanakeun sahadé-hadéna.

Dibarung ku tanggung jawab, nu jadi cecekelan Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi minangka Danlanud Sulaiman taya lian nyaéta tetep sumanget dina ngalakonan tugasna.

Nyangking jabatan Danlanud Sulaiman ti kawit 31 Agustus 2023, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi boga udagan ngagederkeun komitmen sakumna personel malar mampuh ngalaksanakeun tanggungjawabna luyu jeung widang tugasna séwang-séwangan.

Katambah ku posisi Lanud Sulaiman nu kalintang strategisna, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi satekah polah baris ngajalankeun tugasna kalawan diwewegan inovasi minangka pangigel pajamanan sangkan ka hareupna leuwih hadé deui.

Baca Juga: Jabatan Komandan Lanud Sulaiman, Kiwari Dicangking ku Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi

“Minangka Komandan Lanud Sulaiman, kuring boga komitmen sangkan mampuh ngalaksanakeun tugas Lanud Sulaiman dina ngokolakeun pendidikan TNI AU, ngalakonan operasi udara, katut ngalaksanakeun pembinaan potensi kadirgantaraan,” ceuk Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, Senén, 25 Séptémber 2023.

Satuluyna inyana ngébréhkeun, lian ti ngalaksanakeun tugas utama dina pendidikan, Lanud Sulaiman gé ngalaksanakeun fungsi pembinaan potensi dirgantara, teu weléh ngawangun rukun gawé jeung sakumna pihak, boh instansi militer boh sipil.

“Ku kituna, dipiharep kétak Lanud Sulaiman téh bisa méré konstribusi positif pikeun wilayah jeung masarakat Jawa Barat, utamana di Kabupaten Bandung,” ceuk Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, nu gumelar di Bandung, 28 Méi 1975.

Kiwari, Lanud Sulaiman gé remen ngalaksanakeun rupaning kagiatan geusan ngabantu masarakat kayaning bakti sosial, pengobatan massal, ngabantu ngungkulan musibat, tepi ka ngahiap masarakat pikeun olahraga di ruang terbuka hijau di kawasan Lanud.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x