GALURA - Pikeun nyegah sumebarna kasakit polio di wilayah Kota Cimahi, Pemkot Cimahi ngalaksanakeun gelaring Sub PIN Polio, di Kalurahan Melong, Senén, 3 April 2023.
Éta gelaring Sub PIN Polio téh dilakukeun ku Pj. Wali Kota Cimahi, Dikdik S Nugrahawan, dijejeran ku sakumna wawakil instansi.
Dumasar data Kementerian Kesehatan, aya 1,7 juta bayi (0-11 bulan) nu tacan meunangkeun imunisasi kalawan lengkep.
Anapon polio atawa Poliomyelitis téh minangka kasakit nu ngabalukarkeun rasa nyeri, timbulna cacat, tur tilar dunya.
Tah, ku kituna, pikeun nyegah sumebarna polio, dilakukeun kagiatan Sub PIN Polio di sakuliah Jawa Barat ti mimiti 3 April 2023 ku cara Outbreak Response Immunization (ORI).
Sedengkeun dina Sub PIN Polio di Kota Cimahi, aya 46.377 bayi nu jadi sasaran imunisasi kalawan target kahontal 95 persen.
Baca Juga: Sosialisasi Kasehatan Ceuli, Mieling Hari Pendengaran Sa-Dunya 2023 di Kota Cimahi
"Kasakit polio tacan aya ubarna, ukur bisa dicegah ku imunisasi polio,'' ceuk Dikdik S. Nugrahawan, waktu gelaring Sub PIN Polio Kota Cimahi, 3 April 2023.