Nyegah Sumebarna Polio, Pemkot Cimahi Ngagelar Sub PIN Polio 2023  

- 6 April 2023, 08:49 WIB
Kat. Poto :  Pj. Wali Kota Cimahi, Dikdik S Nugrahawan, waktu gelaring Sub PIN Polio 2023 Kota Cimahi, di Kalurahan Melong, Senén, 3 April 2023.*
Kat. Poto : Pj. Wali Kota Cimahi, Dikdik S Nugrahawan, waktu gelaring Sub PIN Polio 2023 Kota Cimahi, di Kalurahan Melong, Senén, 3 April 2023.* /Diskominfo Kota Cimahi/

Imunisasi polio kacida pentingna enggoning nguatkeun budak malar teu katarajang virus polio.

Pon kitu deui, palaksanaan Sub PIN Polio téh lain ukur tanggung jawab Dinas Kesehatan, tapi perlu rojongan ti sakumna masarakat.

"Alhamdulillah, masarakat kalintang antusiasna sangkan anak-anakna diimunisasi polio. Kuring miharep, Kota Cimahi bisa bébas tina kasakit polio geusan ngaronjatkeun ajén sumber daya manusa di Kota Cimahi,” ceuk Dikdik S Nugrahawan.

Baca Juga: Seminar Pikeun Ngaronjatkeun Palayanan Kasehatan Darurat Masarakat

Sub PIN Polio dilaksanakeun ku cara imunisasi Noval Oral Polio Vaccine Type 2 (NOPV2) ka sakumna barudak umur 0-59 bulan.

Dina jirangan kahiji, éta Sub PIN Polio digelar di 15 kalurahan sa-Kota Cimahi, 3-9 April 2023, di posyandu atawa pos PIN lianna.

Sedengkeun Sub PIN Polio jirangan kadua baris dilaksanakeun 15-21 Mei 2023.

Dina prak-prakanana, Dinas Kesehatan Kota Cimahi rukun gawé jeung Fakultas Kedokteran Unjani, Fakultas Ilmu dan Teknologi Kesehatan Unjani, STIKES Budi Luhur, Politeknik Kesehatan Kemenkes, Ikatan Bidan Indonesia Cabang Kota Cimahi, STIKES RS Dustira, IKES RS Rajawali, katut Politeknik TEDC Bandung. ***

 Baca Juga: Kasehatan Prioritas Utama Kabupaten Ciamis, Bupati: Puskesmas di Panjalu jeung di Cisaga Bakal Dibangun deui 

 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah