Delegasi USM Malaysia Ngadongdon ITB, Maheutkeun Rukun Gawé Regional ASEAN

- 19 Maret 2023, 08:38 WIB
Delegasi Universiti Sains Malaysia (USM) ngadongdon ka Institut Teknologi Bandung (ITB), 16 Maret 2023, dina raraga maheutkeun rukun gawé ngungkulan pasualan regional ASEAN.*
Delegasi Universiti Sains Malaysia (USM) ngadongdon ka Institut Teknologi Bandung (ITB), 16 Maret 2023, dina raraga maheutkeun rukun gawé ngungkulan pasualan regional ASEAN.* /Dok. ITB/

GALURA - Delegasi Universiti Sains Malaysia (USM) ngadongdon ka Institut Teknologi Bandung (ITB), Kemis, 16 Maret 2023.

Delegasi USM nu diwengku 14 dosén, 7 staf, jeung 22 mahasiswa téh dikokolotan ku Dr. Fadzli M Nazri sarta dibagéakeun ku Prof. Wahyu Srigutomo minangka Dekan FMIPA ITB.

Salila di ITB tepi ka 21 Maret 2023 téh, delegasi USM baris ngalaksanakeun rupaning kagiatan tur sawala tumali jeung lajuning laku isu-isu regional saperti isu Sustainable Development Goals (SDGs).

Dibagi kana dua kagiatan, nyaéta International Joint Workshop ITB-USM kalawan tema “Physics of Earth and Sustainability” jeung International Student Inbound.

Éta dua paguron luhur pada-pada boga udagan kana pentingna ngungkulan isu regional ASEAN, katambah taun ayeuna téh Indonesia kapeto minangka ASEAN Chairmanship dina téma ASEAN Matters: Epicentrum of Growth.

Baca Juga: Tilu Mahasiswa Uniku Nyangking Juara 1 Asean Start

Anapon dina pangajaran, sakabéh mahasiswa USM milu program pertukaran pelajar katut learning credit kuliah 2 SKS dina mata kuliah FI-3261 Ekonofisika (Econophysics and Sosiophysics) di Prodi Fisika FMIPA ITB.

Maheutkeun rukun gawé papada ieu paguron luhur téh kalintang pentingna geusan nyanghareupan rupa-rupa pasualan sarta dipiharep ngahasilkeun inovasi teknologi nu bisa ngungkulan pasualan regional di ASEAN.

Ceuk Ketua Penyelenggara Kegiatan, Acep Purqon, éta kagiatan gé minangka mitembeyan kuliah kolaborasi antara USM jeung ITB dibarung udagan ngahontal 17 target SDGs di papada nagara.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x