Micinta Lemah Cai Bagean Tina Iman, Ustadz H Syihabudin Mahmud: Dimimitian ku Micinta Lembur

- 24 Februari 2023, 13:30 WIB
Ustadz H Syihabudin Mahmud, sesepuh Majlis Ta’lim Baitun Nidzom, nu oge Pangurus Ranting Nahdlatul Ulama (NU) Desa Cihanjuang, Kabupaten Bandung Barat.* Poto : Dok. Pribadi
Ustadz H Syihabudin Mahmud, sesepuh Majlis Ta’lim Baitun Nidzom, nu oge Pangurus Ranting Nahdlatul Ulama (NU) Desa Cihanjuang, Kabupaten Bandung Barat.* Poto : Dok. Pribadi /

GALURA – Micinta lemah cai teh minangka bagean tina iman.

Rasulullah SAW geus ngajarkeun sangkan urang micinta lemah cai.
Mekkah jeung Madinah dipicinta ku Rasulullah, sabab eta tempat mulya teh minangka lemah cai anjeunna.

Micinta lemah cai tetela eta bagean tina iman, sabab lemah cai teh tempat primer pikeun ngalaksanakeun parentah agama.

Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

Mun teu boga lemah cai, nya kasebut tunawisma tea.

Waktu dipenta kamandangna, Kemis, 23 Februari 2023, sesepuh Majlis Ta’lim Baitun Nidzom Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Ustadz H Syihabudin Mahmud, mertelakeun, dina Kitab Dalilul Falihin kaca 37, Syekh Muhammad Ali ngeceskeun yen micinta lemah cai teh bagean tina iman.

Tumali jeung ajaran pikeun micinta lemah cai, dina Shahih Bukhari kaunggel, “Nalika Rasulullah bade sumping ti tas angkat-angkatan, sabot katingali tembok Kota Madinah, anjeunna terus ngabalap kudana. Samalah tepi ka ngagerak-gerakkeun kudana. Pangna kitu teh sabab anjeunna kalintang micinta lemah caina.”

Baca Juga: Simbol di Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta

Sedengkeun Al-Hafidh Ibnu Hajar al-‘Asqalani dina Fath al-Bari juz 3, ngebrehkeun, yen eta hadits teh nembongkeun kautamaan Madinah, dibarung ajaran micinta lemah cai.

“Tah, dina konteks Indonesia, micinta lemah cai ku cara ngajaga kamerdekaan RI, ngajaga Pancasila, Bhineka Tunggal Ika, NKRI, katut ngajaga UUD 1945, eta teh minangka bagean tina iman,” ceuk Ustadz H Syihabudin Mahmud, nu oge Pangurus Ranting Nahdlatul Ulama (NU) Desa Cihanjuang.

Dina ngeusi alam kamerdekaan tur pikeun ngawujudkeun nagara Indonesia nu kuat sarta daulat, sakur warga boga kawajiban geusan ngamajukeun bangsa luyu jeung ketakna sewang-sewangan.
Rek naon wae profesi urang, sing bisa amanah jeung jujur di satengahing makarya nu positif katut produktif.

Baca Juga: Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta, Masigit nu Ngait kana Budaya Sunda

“Sacara umum mah urang ihtiar malar jadi warga nagara nu teu weleh milampah kahadean tur nembongkeun paripolah nu ahlakul karimah. Ngawangun kacinta ka lemah cai ku usaha-usaha nu dibarung ku sikep moral linuhung,” pokna.

Naon pereluna urang kudu micinta lemah cai Indonesia? “Sabab ku kaayaan bangsa jeung nagara nu aman tur stabil, umat Muslim bisa ibadah kalawan tumaninah, laluasa ngalakonan amalan, turta bisa ngareureuh kalawan tingtrim,” pokna deui.

Ceuk Sayyidina Umar, “Mun tea mah taya rasa micinta lemah cai, eta nagara bakal ancur. Ku ayana cinta ka lemah cai, nagara baris jaya.”

Baca Juga: Milangkala Ka-13, Komunitas Reader Ngayakeun Sunatan Massal jeung Donor Darah

Ku kituna, ceuk Ustadz H Syihabudin Mahmud, sakur jalma mibanda udagan sangkan lemah caina teh maju, aman, sarta tingtrim.

Ku aya rasa micinta lemah cai, moal ieuh aya warga nu mikahayang bangsana ancur, kalibet konflik, jeung silimusuhan.

Firman Allah dina QS Al Araf ayat 10, “Saenyana Kami geus nempatkeun maraneh di alam dunya (bumi) jeung nyadiaan tempat kahirupan. Tapi ukur saeutik nu sukuran.”

Baca Juga: Putri Anjungsari (37), Bena bari Demit Dibawa ku Imah nu Nyingkur, Beunang Beja Putri Anjungsari Tikelebuh

“Micinta lemah cai bisa dimimitian ku micinta lembur sorangan tempat urang dumuk.

Ngagogoreng daerah, tempat padumukan, atawa lemah cai, eta teh ukur ngurangan kasampurnaan kaagamaan urang, sabab ngurangan kaimanan,” pok ieu ustadz nu oge Pangurus Majelis Ulama Indonesia (MUI) Desa Cihanjuang.

Sajeroning kitu, salasahiji pilar kaimanan teh nyaeta sukur.

Baca Juga: Dicaram Miang, Caswiti Curiga Basa Semet Nempo Barang Anu Dibawa ku Salakina

“Sukuran kana sagala rupa anugrah ti Allah SWT, kaasup cinta ka lemah cai urang, tempat gumelarna sarta tempat urang hirup kumbuh. Ku micinta lembur, lemah cai, tempat dumuk, moga urang sadaya bisa ngararasakeun jatining baiti jannati, tur jadi ahli sorga,” ceuk Ustadz H Syihabudin Mahmud. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah