Dianggap Kurang efektif, Ngolah Runtah Palastik Rek Ngamangfaatkeun Tanaga Listrik

- 13 Februari 2023, 18:30 WIB
Salah saurang warga keur ngolah runtah palastik make mesin.
Salah saurang warga keur ngolah runtah palastik make mesin. /DOK PEMDES Tugumulya/

GALURA-Pikeun ngaronjatkeun produksi pavingblock ngamangfaatkeun runtah palastik, Pemerintah Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, tatan-tatan rek ngamangfaatkeun mesin tanaga listrik.

 


.
Eta hal ku sabab mesin anu dipake kiwari dianggap teu efektif. Sajaba proses-na lila, olok atawa boros bahan bakar deuih.

 

 


Mesin anu mimiti dicoba, ceuk Nana, dina proses ngalebur runtah palastik masih keneh make campuran oli urut. Hasilna  kurang nyugemakeun, lila teuasna.

 

Baca Juga: Ngolah Runtah Palastik di Desa Tugumulya, Kiwari Geus Make Mesin

Mesin anu munggaran digunakeun cocogna pikeun nyieun bahan campuran aspal curah atawa penyulingan bahan bensin tina runtah palastik.

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x