Pakansi Pabaru Imlék di Taman Safari Indonesia Cisarua Bogor, Aya Parade Sun Go Kong, Ieu Beréndélan Acarana

- 21 Januari 2023, 08:15 WIB
Keur ngeusian pakansi pabaru imlek 2023, Taman Safari Indonesia (TSI) Cisarua, Puncak, Bogor, ngagelar parade nu dianti-anti ku wisatawan./Antara
Keur ngeusian pakansi pabaru imlek 2023, Taman Safari Indonesia (TSI) Cisarua, Puncak, Bogor, ngagelar parade nu dianti-anti ku wisatawan./Antara /

GALURA - Keur ngeusian pakansi pabaru imlék 2023, Taman Safari Indonesia (TSI) Cisarua, Puncak, Bogor, ngagelar parade nu dianti-anti ku wisatawan.

Parade nu ditujul di Taman Safari Indonesia (TSI) Cisarua, Bogor, téh nyaéta Parade Sun Go Kong jeung nu séjénna.

Eta hal ditepikeun ku General Manager TSI Cisarua, Bogor, Emeraldo Parengkuan, Jumaah 20 Januari 2023 kamari.

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

"Dina raraga ngareuah-reuah parade Imlek, TSI baris ngayakeun parade unik, nyaéta parade Sun Go Kong," pokna.

Acarana, baris diayakeun dua poé noron, nyaéta Saptu ayeuna jeung Ahad 22 Januari 2023 isukan.

Ku kituna, wisatawan nu pareng ulin ka TSI dina mangsa pakansi imlék ayeuna, baris ningali pintonan éta parade.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

Pintonanna nu témana "Sin Cia of Lunar Love" ogé, cenah, bakal ngirut wisatawan. 

Keur nu pareng rek ulin ka TSI Bogor, ieu béréndélan acara jeung tempat paradena.

1. Parade Sun Go Kong.

Ieu parade bakal dicalagarakeun ti mimiti tempat Parkir A Rainforest, nepi ka Istana Panda. Acara diayakeun dua poéSaptu jeung Minggu.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

2. Parade Poodle Cheongsam.

Ieu parade diayakeun di tempat Parkir A Rainforest nepi ka Shelter B Foodcourt TSI Cisarua, Bogor.

3. Parade Liong Barongsai jeung Folk Dance.

Nurutkeun rarancang, ia acara digelar tanggal 21, 22, jeung 23 Januari 2023, disambung tanggal 5 Pebruari keur acara Cap Gomeh.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

"Tempatna di Safari Greens ti kawit tabuh07:45 WIB, Caravan Resto tabuh 08:30 WIB sareng di Shelter B Taman Safari Bogor tabuh 12:30 WIB. Teras di Istana Panda tabuh 14:00 WIB sareng di Safari Theatre tabu 15:30 WIB," pokna.

4. Parade Penguin

Husus ieu parade, sajaba ti keur ngareuah-reuah pabaru Imlek, oge diayakeun keur mieling Poé Pinguin Sadunya.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Acarana bakal diayakeun tanggal 21, 22 jeung 23 Januari 2023 jam 13:00 WIB.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah