PWI Ngabuburit Bareng Kadis Kominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha Dipentes Nepikeun Tausiah

29 Maret 2024, 21:19 WIB
Kepala Dinas Komunikasi, Informatika, Statistik dan Persandian (Diskominfo) Kabupaten Bandung H. Yosep Nugraha. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Bandung ngayakeun kagiatan Ngabuburit Bareng Kadis Kominfo Kabupaten Bandung di Sekretariat PWI Kabupaten Bandung, Jalan Ciloa Soreang, Juma'ah, 29 Marer 2024.

Kepala Dinas Komunikasi, Informatika, Statistik dan Persandian (Diskominfo) Kabupaten Bandung H. Yosep Nugraha jadi narasunber dina kagiatan nu diluan ku puluhan anggota PWI teh.

Yosep dipentes pikeun nepikeun tausiah. Inyana nepikeun ngeunaan kautamaan ibadah saum. Nyebut sababaraha katerangan: "Saum tèh jang Kula jeung Kula (Alloh) nu bakal ngaganjarna.”

Baca Juga: Wujud Apresiasi ka Wartawan, PWI Kabupaten Bandung Nutup Runtuyun HPN 2024 Ngagelar Nguseup Bersama

Ceuk Yosep, padahal sakabèh amal tèh pikeun Allah jeung Mantena nu baris ngaganjarna, tina katerangan èta ngandung harti saum teu aya unsur riya, sakumaha bisa kajadian dina ibadah nu sèjenna.

Yosep ogè nyebutkeun saum ukur nahan lapar jeung hanaang mah masih kènèh rada èntèng, asup kana syarèat. Sedengkeun mun seug geus bisa nahan hawa nafsu èta nepi kana tarèkat tur darajatna leuwih luhur.

Dina katerangan, ceuk Yosep jalma nu saum bakal pinanggih jeung dua kabagjaan. Nyaèta bagja nalika panggih jeung buka tur bagja nalika panggih jeung Alloh.

Samèmèhna, tumorojogna Yosep Nugraha dibagèakeun ku sakum anggota PWI.
Ketua PWI Kabupaten Bandung Enung D Susana nganuhunkeun ka Kadiskominfo nu geus kersa rurumpaheun, padahal dina keur perè gawè.

"Hatur nuhun, kumargi kagiatan ieu aya partisipasi ti Pa Kadis Kominfo Kabupaten Bandung," pokna.

Enung nètèlakeun acara ngabuburit bareng Kadis Kominfo kawilang ngadadak . Inyana miharep di bulan suci Romadon dieusian ku kagiatan nu mangpaat.

Komo deui gawè wartawan mindeng nyanghareupan isu dugaan, fitnah jeung nu sèjènna nu pakait pasualan di lapangan.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler