Pemilu 2024, Media Ngahasilkeun Kualitas Pemilu nu Hade

3 Januari 2024, 06:00 WIB
Bawas­lu Ka­bu­paten Majalengka ge­lar silaturahmi jeung awak media, dilaksana­keun di Kantor Bawaslu Ka­bu­­paten Majalengka, Jalan Letkol Abdul Gani No. 7 Ma­jalengka Kulon. Jumaah, (22/12/23) beurang. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Najan kiwari keur usumna medial sosial, tapi Badan Penga­was Pe­mi­lihan Umum (Bawaslu) Majalengka mandang media massa mampu ngahasilkeun pemilu nu kualitasna hade. Tinggal kumaha strategi  dina nyusun wartana.  

Ketua Bawaslu Maja­lengka, Dede Rosada, S.Pd., netelakeun  media teh sa­ra­na nu jadi kabutuhan dasar kamotekaran kahirupan, ka­asup dina lebah de­mok­rasi.

Anu jadi pasualan: ku­ma­ha nempatkeun media sacara efektif, efisien, profesional pikeun me­dalkeun kualitas demokrasi nu sa­luyu jeung kabutuhan sarta kaha­yang masarakat. "Ku kituna dina hal ieu media ulah dijantenkeun alat kampanyeu teu para­ruguh," ceuk Dede.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Disebutkeun Dede, sa­na­jan aya sarana edukasi,  publikasi saperti baliho nu ngagunakeum waragad ka­wi­lang badag, media massa dipeunteun leuwih efektif sarta ngan ngabutuhkeun waragad nu leutik tur kahontal ku sakumna segmen. "Baba­kuna masarakat nu janten pemilih dina Pemilu 2024," ceuk Dede.

Pentingna peran media di satiap tahapan Pemilu 2024,  Bawas­lu Ka­bu­paten Majalengka ge­lar silaturahmi jeung awak media.  Gelaran dilaksana­keun di Kantor Bawaslu Ka­bu­­paten Majalengka, Jalan Letkol Abdul Gani No.7 Ma­jalengka Kulon. Jumaah, (22/12/23) beurang.

Di hareupeun sakumna jurnalis nu aya dina auban sababaraha organisasi war­tawan, Dede nepikeun saba­baraha hal penting. Di anta­rana ngeunaan pengawasan tahapan-tahapan Pemilu 2024 katut hasil gawe Ba­was­lu Ma­jalengka.

Disebut­keun Dede, kiwari tahapan kampanyeu geus lumangsung 25 poe. Ceuk Dede, kacatet 404 kali kampanyeu geus dilaksankeun ku sakumna pa­milon pemilu nu sumebar di 26 Kecamatan sakabupaten Majalengka. Kakara aya hiji laporan dugaan pelangga­ran kampanyeu, nyaeta di­ruk­sakna Alat Peraga Kam­panye (APK)  di Keca­matan Jatitujuh.

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

Dina kasempetan eta oge, Ketua Bawaslu nyebutkeun aya hal nu teu eleh penting: pengawasan pemutahiran data pemilih.  “Ki­wa­ri nuju  pemutahiran Daf­tar Pemilih Tam­bahan (DPT),” ceuk Dede. Daftar pemilih tambahan teh pe­milih nu bakal pindah milih.

Kiwari di Kabupaten Majalengka anyar kadata sajumlah 1.642 urang daftar pemilih tambahan. Anu asup aya 928 urang, nu ka­luar  713 urang. “Aya tilu alesan, ku naon ngalih milih. Nu kahiji, ku margi ngalih do­misili, ka­dua janten tahan­an di Lem­baga Pemasya­rakatan (LP),  nu katilu ku margi galih di­damel,” ceuk Dede Rosada.

Salian ti  eta, aya Daftar Pemilih Khusus (DPK) di luar DPT lobana 29 urang. DPK dina milih  ngagunakeun KTP. Masih ceuk Dede, eta data aya kemungkinan bisa nambahan. Pangala­man dina pemilu same­mehna jumlah DPK ampir 9 rebu urang. Salian ngajelaskeun ngeunaan pengawasan tahapan kampanyeu jeung  pemuktahiran data, Dede nete­la­keun ngeunaan pengawasan tahapan logistik.

“Nembe rengse tadi si­ang kinten-kinten tabuh 11 nalingakeun dongkapna lo­gistik surat suara kangge pe­milu DPRD Kabupaten Majalengka,” ceuk Dede deui nerangkeun.  Lo­bana surat suara keur DP­RD Kabupaten Maja­leng­ka teh 1.020.654 surat suara. Kaasup surat suara ca­dangan,  21.897," ceuk De­de.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler