Kapolda Jabar Ngarojong tur Siap Ngamankeun Kongres XXV PWI 2023 di Bandung

28 Juli 2023, 17:31 WIB
Panitia Pelaksana Kongres XXV PWI dipotrét jeung Kepala Polda Jabar Irjen Pol. Akhmad Wiyagus, sabada gempungan (audiensi) di Mapolda Jabar, Jalan Soekarno-Hatta, Kota Bandung, Kemis, 27 Juli 2023.* /Dok. PWI Jabar/

GALURA – Kota Bandung dipercaya ku PWI Pusat jadi pribumi (tuan rumah) Kongres XXV Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) taun 2023. Ieu kongres lima taunan téh baris lumangsung 25-26 Séptémber 2023 engké di Hotel EL, diiluan ku ratusan pamilon ti 38 PWI Provinsi jeung cabang khusus Solo, di luar peninjau jeung para penggembira.

Ketua Umum PWI Pusat anu ogé Penanggung Jawab Kongres Atal Sembiring Depari miharep Kongres XXV 2023 lumangsung kalayan lungsur-langsar tur suksés.

Pikeun ngahontal éta udagan, Panitia Pelaksana Kongres XXV PWI ngayakeun audiensi (gempungan) jeung Kepala Polda Jabar Irjen Pol Akhmad Wiyagus. Panitia dibagéakeun ku Kapolda di rohang gawéna di Mapolda Jabar, Jalan Soekarno-Hatta, Kota Bandung, Kemis, 27 Juli 2023.

Baca Juga: PWI Jabar Ngagelar UKW, Ridwan Kamil: Warga Miskin di Jabar Jumlahna Ngurangan

Éta gempungan diluuhan ku Ketua Pelaksana Kongres XXV PWI Marthen Slamet Susanto, Sekretaris Hardiyansah, Wakil Sekretaris Tb. Adhi, Bendahara Ati Suprihatin, jeung réngréngan pangurus PWI Jawa Barat, di antarana Tantan Sulthon Buchawan, Ahmad Syukri, Satrya Graha Laksana, Erwin Kustiman, Deddy Suhaeri, jeung Yadi Mulyadi.

"Tangtos waé, sim kuring katut réngréngan kalintang ngarojong kana pelaksanaan kongres. Komo deui pan kongres téh bade dihadiran ku Presiden RI Bapa Joko Widodo, tos tangtos sim kuring katut réngréngan baris ngayakeun pengamanan dina sababaraha aspek. Kalebet engké pengamanan di lebet nalika lumangsungna kongres, bakal diutamikeun ogé," ceuk Irjen Akhmad Wiyagus, anu nyepeng amanah jadi Kapolda Jabar ti 27 Maret 2023 téh.

Numutkeun ieu perwira pulisi anu gumelar di Tasikmalaya, 23 Séptémber 1967, Kota Bandung --dina hal ieu PWI Jawa Barat minangka calagara kagiatan-- kudu ngarasa reueus pédah geus dipercaya jadi pribumi hiji kagiatan anu mibanda ajén strategis.

Baca Juga: Galura Cetak IV Juli 2023, Kampung Iklim Ciparay Kabupaten Ciamis, Nohagaan Iklim Lokal

"Ieu Kongres PWI téh tangtos ngagaduhan nilai atanapi ajén strategis. Nanging kanggo tuan rumah anu dipilih tangtos aya kareueus anu langkung-langkung ti éta. Komo pan engké téh sadaya wawakil ti PWI sakuliah Indonesia bakal sarumping ka dieu, ka ieu kota,” ceuk ieu perwira lulusan Akpol 1989 anu mibanda pangalaman dina widang reserse téh.

Sajeroning kitu, Marthen Slamet Susanto ngahaturkeun nuhun tur kacida ngaaprésiasina kana pangrojong katut fasilitasi ti Kapolda Jabar. Slamet ngawakilan réngréngan PWI Pusat jeung PWI Jabar ngarasa tenang tur optimis pelaksanaan kongres engké baris lumangsung kalawan aman, lungsur-langsar, tur suksés ku pangrojong Polda Jabar.

"Sanaos teu kantos aya riributan, nya ulah dugi ka aya kétah, dina pelaksanaan kongres téh pasti aya wé nu namina konflik téh. Komo pan agenda kongres téh museur dina pergantian pingpinan organisasi. Audiensi sareng Pa Kapolda ieu mangrupi bagian tina tarékah preventif sakantenan mastikeun pelaksanaan kongres lumangsung kalayan lungsur-langsar," ceuk Slamet.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, Urang Cai jeung Urang Gunung

Momen lima taunan Kongres PWI téh, ceuk Slamet satuluyna, kiwari geus lumangsung ka-25 kalina.

"Janten, umur PWI téh leuwih kolot batan kamerdekaan nagara ieu. Sami ogé sareng umur PSSI. Ti kongres ka kongres mémang sok aya ririakan pasualan mah, éta wajar, tapi henteu dugi ka anarkis. Ulah, ulah dugi ka kitu. Ku kituna, urang miharep hégarna hawa Kota Bandung ogé mawa hégarna suasana kongres engké,” ceuk Slamet deui.  

Sajeroning kitu, Hardiansyah ngadadarkeun, panitia lokal ti PWI Kota Bandung jeung PWI Jawa Barat geus tatan-tatan pikeun ngabagéakeun pamilon kongres ti sakuliah Indonesia. "Panitia Pusat sareng lokal tos tatahar tur koordinasi ti anggalna kénéh,” pokna.***

Baca Juga: Ngaronjatkeun Kamampuhan Pulisi, Polres Majalengka Ngagelar Latihan Menembak

Baca Juga: Mat Peci (1) Keur Budakna Bageur, Taya Cawadeun, malah Masantren

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler