Gerakan Meresihan Walungan CI Tamba, Ngageuing Sangkan Teu Miceun Runtah ka Walungan

20 Maret 2023, 12:30 WIB
Gerakan meresihan walungan CI Tamba, di sabudeureun Kelurahan/Kecamatan/Kabupaten Kunngan, /

GALURA- Aliansi Masyarakat Peduli Aliran Sungai (AMPAS), ngayakeun gerakan kabersihan di walungan CI Tamba, sabudeureun Kelurahan/Kecamatan Kuningan, Saptu, (18/3/2023).

Maranehna bagerak mulungan runtah di walungan CI Tamba ti semet sabudeureun Jalan Syeh Maulana Akbar nepika  sabudeureun Pasar Kepuh.

Dani Andriawan, anu mokalan eta acara, nyebutkeun gerakan kabersihan di walungan CI Tamba , kasangtukangna mah kaprihatinan masih aya diantara warga anu miceun runtah ka eta walungan.

Baca Juga: Ngamalirna Cai Walungan CI Pedak, Meulit Leuweung Lebah Lamping Buligir


Patali eta hal, AMPAS ngalakonan gerakan kabersihan di walungan CI Tamba. Samemehna, meresihan walungan CI Sanggarung, di sabudeureun Desa/Kecamatan Kadugede.

Rarancang kahareupna meresihan  runtah di walungan CI Tamba semet Pasar Kepuh nepika sabudeureun Kelurahan Awirarangan.


Nurutkeun Dani, meresihan walungan CI Tamba tina  nyayeudna runtah,  mangrupakeun gerakan masarakat, lain gerakan komunitas. Jadi saha wae  bisa miluan dina gerakan kasebut.


“Meresihan walungan CI Tamba, teu tiasa diakonan ku hiji    pihak. Alhamdulillah,  seueur phak anu ngagabung dina ieu gerakan boh ti komunias, lembaga sareng anu  sanesna," ceuk Dani.

Ketua Sentra Komunikasi (Senkom) Kabupaten Kuningan, Dedi Suhandi miharep, gerakan meresihan walungan CI Tamba bisa mere atikan pikeun masarakat sangkan henteu miceun runtah ka walungan CI Tamba.

 

Nurutkun Dedi, dina mere atikan ka masarakat tina tarekah nyegah miceun runtah sagawayah, utamana ka wlungan, kiwari kudu dibarengan gerakan nyata, teu semet dina wawaran atawa lalambe.


“Urang kedah masihan conto, diharepkeun mampuh ngahudang, kesadaran henteu miceun runtah ka walungan  CI Tamba," ceuk Dedi.


Sri Laelasari, anggota DPRD Kabupaten Kuningan, ngarojong tarekah ngarumat walungan CI Tamba. Inyana mharep sakumna lapisan masarakat bisa aub dina ngungkulan pasualan runtah di walungan CI Tama.

 

“Sim kuring ngaharepkeun kapayunna sadaya lapisan masarakat tiasa ngagabung dina gerakan meresihan runtah di walungan CI Tamba," ceuk Sri Laelasari.

Kepala Dinas Lingkungan Hdup (DLH), Wawan Setiawan, ngaliwwatan  Kabid Kebersihan Beni, miharep gerakan meresihan walungan CI Tamba bisa mayeng.

"Harepan kapayunna ieu gerakan mayeng, supados walungan CI Tamba beresih, bebas tina runtah," Ceuk Wawan. ***

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler