Ramat Lancah Gedena ukur Sapersarebu milimeter, Kakuatanna Leuwih ti Waja

- 2 Januari 2024, 13:00 WIB
Ramat Lancah kakuatanana leuwih ti waja nu saukuran.
Ramat Lancah kakuatanana leuwih ti waja nu saukuran. /Budi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Jigana urang pernah ningali ramat lancah. Pan sakitu pakurantengna. Kacipta ku urang kumaha pihéséeunana nyieun éta ramat, bari lancah nu nyieunna pan ngagantung ka ditu ka dieu.

Mun urang pernah nongton filem Spiderman, tangtu urang hélok naha ramat nu dipaké luncat ti hiji gedong ka gedong séjénna teu pegat?

Padahal pan éta ramat téh sakitu leutikna, sedeng jalma apan kaitung beurat. Bisa waé urang nyebutkeun da éta mah di pilem, bobohongan. Ukur trik kaméra.

Baca Juga: Huma di Masarakat Sunda

Sabenerna, ramat lancah téh bleg wé sarua pisan jeung dina pilem téa. Malah bisa jadi leuwih ti kitu, lain ngan ukur tali tempat gugulayunan jiga spiderman.

Ceuk ilmuwan cenah ramat lancah téh gedéna ukur sapersarébu miliméter. Atawa kira-kira sapersalapan diaméter buuk urang. Pan kacida leutikna. Ngan kakuatan éta ramat lima kali leuwih kuat batan kawat nu dijieun tina waja nu ukuranana sarua. Hébring, pan?

Lain ngan ukur kitu, éta ramat téh kacida hampangna. Heg cicipta, lamun éta ramat téh ditarik nepi ka ngurilingan bumi, terus dikumpulkeun deui terus ditimbang, beuratna téh ukur 320 gram. Sarua jeung ukuran sasiki buah aromanis.

Naha tina naon atuh éta ramat téh mani sakitu hébatna? Éta mah tuda tali ramat buatan Gusti Allah. Ceuk ahli biologi William K Purves, sabenerna unggal lambar ramat lancah téh béda-béda. Kabéhanana aya tujuh rupa ramat nu béda.

Baca Juga: Cupu Manik Astagina Radar dina Pawayangan

Éta téh tujuhanana dijieun tina bahan (kelenjar) anu béda. Jeungna deui tiap ramat anu tujuh téa téh ngabogaan gunana séwang-séwangan.

Salasahiji kagunaan ramat téh pikeun ngajiret sato hakaneunnana. Ari cara makéna teu sarua jeung kecrik atawa heurap nelayan mun ngala lauk, sabab ramat mah dina derna ngajiret téh cicing ngadagoan aya sato anu neumbrag kana éta ramat téa.

Ngan leuwihna, mun sato nu eunteup atawa kajiret téh motah, adug lajer kusabab hayang leupas, lain beuki ngendoran ieu mah kalah ka beuki meulit.

Ku kituna mun terus adug-adugan ramat téh meulit jangjang sato nu eunteup téa, kalah jadi beuki hésé sabab ramat téh terus meulit kana jangjangna. Nya geus kitu mah pasti teu mangga pulia tinggal jadi caduk lancah.

Naon sababna bisa kitu? Ceuk Purves, ramat lancah téh kacida ngenyodna (noncrystalline) nu anggang. Nya kusabab ngenyod téa bisa nyeuseup énergi kinétik sato nu eunteup nepi ka teu bisa walakaya.

Ramat ogé kacida liatna, sabab dijieun tina dua rupa protin. bahanna mangrupa kristal-kristal nu kacida leutikna. Nya éta pisan nu ngajadikeun ramat kacida liatna.

Geura ayeuna mah mun urang manggihan ramat lancah ku urang bisa dititénan kumaha cara nyieunna jeung kumaha mun aya sato nu eunteup kana éta ramat dijadikeun kahakanan ku lancah. Bisa nyobaan jadi ahli ramat. Prung!*** Anggit Wiwitan

 t

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah