Ngan, tepi ka danget ayeuana makam Eyang Dalem Gajah Mekar saban poè sok diziarahan ku jalma ti mamana, sakumaha manaqib di pesantren Hudayatul Hikmah. Ditètelakeun ku pupuhu pasantrèn Hidayatul Hikmah, KH. Asep Moh. Hadimi, nu ziarah ka makam Ayang Dalem Gajah unggal peuting aya, ti Isya tepi ka subuh.
Ceuk Abah Amang atawa Amang Haji nenehna H. Asep Moh Hadimi, saha waè nu ziarah ka makam Eyang Dalem Gajah Mekar, ti kalangan mana waè, deuk pangusaha atawa politikus, Abah Haji teu apal paniatan jeung kahayangna. Ngan, Abah ngahempèkeun, ngajurung doa sangkan pamaksudan nu hadè tinekanan.
“Saha waè mangga ngadoa, sareng didoakeun maksad saèna tinekanan, saha waè, “ ceuk Abah Amang Haji basa marengan adina nu rèk manggung dina pemilihan anggot leguslatif DPR RI ziarah, soan ka makam indung bapana nu sakomplek di makam Eyang Dalem Gajah, sawatara waktu ka tukang.
Eyang Dalem Gajah Mekar tèh waliyulloh. Ceuk Abah Haji, Eyang Dalem Gajah tèh bangsawan panguasa setempat nu nyebarkeun agama Islam. Pangna katelah Eyang Dalem Gajah, ku lantaran inyana boga kaistimewaan bisa meruhkeun anak gajah nu tadina galak jadi lindeuk jeung nurut. Eta sababna ku kolonial Walanda, dileler cindramata patung gajah.
Baca Juga: Ngaran Anak Sasatoan dina Bahasa Sunda
Dina nyebarkeun agama Islam, Eyang Dalem Gajah Mekar dibantu ku Tuan Bilala nu katelah Gajaheretan, Eyang Aduy (Gajah Kantor), Eyang Reksabudin (ti Bojong), Eyang Kamasan (ti Daraulin), jeung Eyang Nasbulloh (ti Daraulin). Bojong jeung Daraulin tepi ka kiwari ngarupakeun ngaran lembur di lelewek Desa Gakahmekar.
Tuan Balila, urang Walanda
Di Situs Makam Eyang Dalem Gajah Mekar aya sababaraha hiji makam, ngan anu kaceluk jeung nu sok dijarohan mah makam Eyang Dalem Gajah. Ceuk Abah Amang Haji, aya dua waliyulloh di Situs Eyang Dalem Gajah teh. Iwal ti Eyang Gajah, aya nu pangdeukeutna jeung Eyang Gajah: Tuan Bilala, cenah mah urang Walanda.
Tuan Bilala tèh ceuk Abah Amang, duka pangusaha duka menir, pagawe kolonial. Inyana datang ka Jakarta, tepung jeung Dalem Eyang Gajah Mekar. Kaluar tina agama nu diagemna harita, ninggalkeun kagiatan kadunyaan, satuluyna milu ka mana waè Eyang Dalem Gajah Mekar nyiarkeun agama. Teu jentre saha ngaran aslina, ukur kawentar ku ngaran nenehna.
Di Situs Makam Eyang Dalem Mekar nu legana kana 400 meter pasagi aya wangunan nu di hususkeun keur Makam Eyang Dalem Gajah. Ari makam Tuan Bilal mah kalèreun makam Eyang Dalem Gajah, ukur anggang 4- 5 mèter ti makam Eyang Gajah. Cungkup makam Eyang Gajah mah kana 5 x 5 meter pasagi, disambung bèntèng makam.
Aya rohangan nu ditiungan tempat nu ziarah, ngadung hareupuen makam. Aya rak buku dipernahkeun sababaraha hiji kitab, lolobana mah Surat Yasin. Ari makam Tuan Bilala mah wangunana rada leutik, sakir 3x 3 meter pasagi, keur tempat nu ziarah, makamna mah diluareun eta wangunan.