Dina prungna acara dipitembeyan ku helaran atawa iring-ringan. Hasil tatanén dibawa kana sundung, kana jampana, husus paré ditanggung maké rengkong.
Anu mawa rengkong aya ratusna, waas ngaréngkotna sora rengkong, silih patémbalan. Tukangeunana anu nanggung paré atawa pamaén seni rengkong aya nu mawa beubeutian kalawan diwadahan kana jampana atawa ditanggung maké sundung.
Aya oge anu ditanggung maké kojong, anapon kadaharan aya nu dibawa ku kaom wanoja, biasana disuhun jeung diais diwadahan dina waskom, nyiru, atawa boboko.
Aya oge nu mawa pakakas tatanén kayaning pacul, garu, parang, wuluku jeung pakakas tatanén lianna. Di tukangeun anu mawa alat tatanén aya rombongan kasenian dogdog lonjor, angklung buhun atawa angklung buncis, terbang jeung seni tanji, katut kasenian séjénna.
Baca Juga: Ngalap Hikmah Kabarokahan Saur dina Bulan Puasa Ramadan
Upacara Seren Taun ceuk sababaraha sumber geus digelar di jaman Karajaan Sunda, anu pungsina keur ngajajap Nyi Pohaci atawa Déwi Sri anu rék diinebkeun kana rangkiang.
Upacara Seren Taun salasahiji artépak, anu masih kénéh aya dikieuna, anu nandakeun urang Sunda, kahirupanna dina lahan tatanén, sarta urang Sunda geus bisa neundeun piraweuy.
Mun ayeuna aya program ketahanan pangan, urang Sunda mah katahanan pangan téh geus aya ti baheula, sarta urang Sunda mah tara kakurangan paré. Hal-hal nu poistif kieu nu kudu dihudangkeun ku pamarentah.***