Harti Sunda dumasar Pantun Bogor: Suci, Nyampurnakeun

- 27 Februari 2023, 12:30 WIB
Situs Gunung Padang di Kabupaten Cianjur mindeng dipatalikeun jeung agana Sunda Pajajaran. Ceuk Pantun Bogor harti Sunda teh Suci jeung nyampurnakeun.
Situs Gunung Padang di Kabupaten Cianjur mindeng dipatalikeun jeung agana Sunda Pajajaran. Ceuk Pantun Bogor harti Sunda teh Suci jeung nyampurnakeun. /Luki M/Nanang

GALURA -Dina Pantun Bogor dina carita “Ngadegna Nagara Sunda” dina episode “Pakujajar Beukah Kembang” , ceuk Anis Jatisunda, Sunda ngandung harti suci atawa nu nyampurnakeun.

Uger dina Pantun Bogor, ceuk Anis Jatisunda, kieu: “Harti Sunda teh suci, wareh nu nyampurnakeun“. Nyampurnakeun dina harti nu leuwih lega, babakuna dina lebah elmu jeung kabatinan.

Anis Jatisunda nyebutkeun pangna Sunda dihartikeun suci jeung nyampurnakeun teh ceuk Pantun Bogor, wewengkon Sunda awalna mah disebut Buana Sunda ngaran anu dijieun ku Sanghyang Wenang.

Baca Juga: Anis Jatisunda: Dina Agama Sunda Pajajaran Aya Sadat Sunda

Ku sabab sawaktu wewengkonna masih keneh tanah kosong loba didaregdeg ku jalma-jalma anu rek “nyundakeun diri” (tatapa). Tatapa lain dina harti menekung teu dahar teu nginum tapi nyieun amal kahadean.

Ceuk Pantun Bogor: ….di dinya ta hade jasa pieun panyundaan nyundakeun diri, pieun nyampurnakeun raga jeung sukma, abeh bisa ngarasa paeh sajero hirup, ngarasa hirup sabari paeh….”

Beuki lila Buana Sunda beuki gegek ku jalma anu rek nyundakeun diri, lila-lila maranehna disebut Wang Sunda (jalma suci). Agamana disebut agama Sunda atawa agama Sunda Pajajaran.

Agama Sunda geus aya samemeh Prabu Dewawarman ngawasa karajaan Salakanagara. Kitab suci agama Sunda aya tilu: Sambawa, Sambada jeung Winasa, nu ditulis ku raja Sunda Prabu Resi Wisnu Brata, raja Sunda nu masagi dina kabatinan.

Baca Juga: Ceuk Carita Parahyangan, Agama Sunda geus Diagem Samemeh Urang India Daratang

Pantun Bogor netelakeun Pikukuhan agama Sunda Pajajaran dituliskeun dina Layang Sambawa, Sambada, Winasa anu dituliskeun ku Parabu Reusi Wisnu Brata.

Nya inyana anu tukang tapa ti ngongora. Inyana anu saenyana ngagalurkeun agama urang Sunda tepi ka kabeh pada ngarti agama anu kiwari disebut agama Sunda Pajajaran.

Ceuk Pantun Bogor: agama Sunda hanteu ngabeda-bedakeun boro-boro ngagogoreng ngahaharuwan agama sejen. Lantaran euweuh agama anu hanteu hade. Anu hanteu hade mah lain agama, tapi nu metakeun agama, jeung laku lampah arinyana anu arembung bae ngarti hartina Ahad teh Nunggal anu ngan sahiji-hijina, ngan sahiji bae … “

Saumpana nyoko kana naskah Wangsakerta, Prabu Resi Wisnu Brata teh Rakean Darma Siksa Prabu Sanghyang Wisnu raja Sunda (1175-1297 M).

Baca Juga: Putri Anjungsari (40), Maharaja Sakti Ngarasakeun Geterna Dangiang Kabuyutan Linggahyang

Ieu raja Sunda anu kasohor adil wijaksana, hirupna ngaresi, diperkirakeun samemeh inyana nyusun buku agama Sunda, agama Sunda geus ngagurat ngakar salila samilinium, ngan tacan jadi agama resmi nagara.

Sanggeus Darma Siksa jadi raja Sunda, agama Sunda jadi agama resmi hiji-hijina di Karajaan Sunda.

Diperkirakeun pangaruh agama Hindu jeung Budha anu jadi agama resmi ti jaman Prabu Darmawarman abad ka-2 Masehi geus nyirorot, di karajaan komo deui di masarakat, lantaran rayatna mah tetep ngagem agama Sunda.*** Luki M

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah